Dery
nya éta salasahiji budak anu resép kana komik bisa di bilang “pecinta komik”.
Dina hiji poé saénggeus ti sakola manehna jeung babaturanna teu sangaja
ngalewat ka toko buku.
“Dri mampir hela beu .. .. “ ceuk Dery
“rek
naon Der .. ? Urang geus di tungguan yeuh” andri nembalan.
“aya komik ayar tuh ayeuna di
terbitkeunna, gewatlah bising abisen” Dery ngomong.
“Dasar maniak komik” Andri ngomong
bari seuri.
Dery
langsung asup ka toko buku bari ngajak
Andri.
“teu nempo hargana nu mahal ari
resép mah di beuli baé” Andri ngmng dina jéro haté.
“Ges
Der ? Guwatlah bising soré manten !!!” Ceuk Andri.
Dery jeung Andri langsung uih. Padahal sabenerna
mah Dery téh masing hoyong keneh milihan komik, masalahna alanyar kaluar, tapi
manéhna ngarasa teu énak ka Andri anu ngabaturan manehna.
Geus
di imah Dery langsung maca éta komik, teu bisa di ganggu ari geus maca komik
teh. Geus teu ka itung komik anu aya di
kamar Dery mah, tapi manéhna apal hiji-hiji judul jeung eusi komikna, cenahmah
duniana ari komik téh.
Dina
hji mangsa babaturanna Dery nginjeum kimik tapi teu daek di balikkeun, manehna
ngarasa keuheul sabab éta komik, komik favorit Dery, komik anu lila ku manehna
dipikahayang, ngumpulkeun duit heula sagala sangkan bisa meuli éta komik. Tapi
ayeuna éta komik euweuh dimanehna. “Hanjakal diinjeumkeun ari moal di balikkeun
deui wah” cek Dery bari gugurutu.
“Lain
masalah ku hargana tapi kumaha carana meunangkeun éta komikna peupeuriheun
pisan, hanjakkal .. .. hanjakal” ceuk Dery dina jéro haté.
“Tapi
manéhna ngarasa boga salah ogé ka babaturanna sabab teu ngahampura basa
babaturanna menta menta ngahampura, padahal
ngan masalah komik baé .
Tidinya
manéhna ngahampura babaturanna jeung geus mohokeun éta komik karesepna.
“Geslah
ikhlaskeun baé, da ké ogé aya gagantina deui, komik leungit hiji mah teunanaon
loba keneh ieuh” ceuk Dery bari ngomong sorangan .
Tiap aya komik kaluaran anyar Dery pasti teu kalewat ngeunaan infona,
manéhna pasti langsung ka toko buku
sangkan teu abiseun. Reép cenah ari kana komik téh, resép ku carita jeung aya
gambarang béda jeung novel caritana
panjang tapi euweuh gambaran.
Rak
buku manéhna téh pinuh ku komik teu bosen-bosen ari kana komik mah. Sampe-sampe
sok poho kana waktu, poho kana sagala ari tos maca komik teh.
“Dery .. .. .. “ ceuk Indungnna.
“Kulan .. .. .. “ Dery nembalan.
“Geura
atuh dahar heula, ieu mah uih sakola téh langsung baé maca komik” ceukk
Indungna bari gugurutu.
“Muhun
engke sakedap” ceuk Dery.
Dugi
kasorenakeun Dery tetep bae di kamarna maca komik teu anggeus-anggeus nepi ka
indungna geus gugurutu baéari Dery namah hare-hare baé.
Tina
karesepna eta Dery bisa nulis jeung nyieun komik. Sanajan komikna ngan jadi
koleksi sorangan.
Tiap
poé Dery ngarang baé tiap anu ku manéhna
ka tempo sok di curahkeun kana buku nu engkena dikumpulkeun sangkan bisa di
bukukeun .
“Keur
naon Der “ ceuk babaturanna.
“Biasa
keur neangan inspirasi jang nyieun komik” ceuk Dery.
“Reuh
maneh mah teu bosen-bosen nyieun komik téh. Iraha atuh rek di terbitkeunna? Ceuk babaturanna bari
hereuy.
“Tenang
bae atuh engke di terbitkeunna” ceuk Dery.
Sababaraha
bulan Dery ngarang komik, sakabeh komik éta di ka penerbitkeun sangkan bisa
di terbitkeun. Sababaraha minggu Dery
ngirimkeun komikna aya kabar ti penerbit lamun komik anu di kirimkeunna layak
di terbitkeun . Tidinya , Dery bungah pisan manéhna ngarasa teu sia-sia salila
ieu manéhna ngarang komik téh . Manéhna bisa ngabuktikeun ka Indungna jeung
babaturanna manéhna bisa jadi pengarang komik. Nu mimitina tina karesep bisa
ngahasilkeun karya anu bisa ngabanggakeun.