KUMPULAN DONGENG
BAHASA SUNDA
A. Dongeng Mite
Seueur nu nganggap yén carios Ratu Inten
Déwata téh mung saukur dongéngan legénda wungkul, margi taya buktos nu pasti
atanapi data émpiris nu leres-leres tiasa dipercanten. Sanaos kitu, carios Ratu
Inten Déwata masih tetep ngarupikeun dongéng karuhun nu masih dipercanten
ayana, utamina ku masarakat Tarogong, Garut, salaku carita sasakala karuhun
karajaan Timbanganten.
Taun 50-an pribados kantos ngahaja
ngadongkapan ka sababaraha situs nu dianggap patilasan karajaan Timbanganten.
Di antawisna lokasi Korobokan, Cipanas, sareng Gunung Putri. Hanjakalna, maksad
ngajugjug ka puncak gunung Guntur mah teu laksana, jalaran kaayaan kaamanan
waktos harita pikarisieun, ku mahabuna gorombolan.
Waktos ngajugjug ka lokasi Korobokan teu tebih
ti kacamatan Tarogong kiwari, taun 50-an mah masih kénéh aya seueur gundukan
batu. Katingal pabalatakna gundukan babatuan, sapertos patilasan bangunan lami.
Sabudeureunnana seueur kakaian sarupaning tatangkalan arageung, pacampur jeung
eurih. Oge aya sababaraha kuburan lami nu teu kapiara, pating solengkrah. Éta
lokasi téh aya dina pasir luhur bukit alit. Leumpang ka punclutna téh asa capé da
nanjak.
Cenah di éta lokasi téh aya dugaan patilasan
karajaan Timbanganten. Nanging upami urang kadinya waktos ayeuna tahun 2008
mah, eta situs teh tos moal katingal deui. Nu aya mah seueur bangunan enggal
diantawisna bangunan sakola sareng bumi-bumi mani pasedek-sedek. Teu kapendak
deui gundukan-gundukan batu nu kapungkur kungsi diduga patilasan karajaan
Timbanganten.
Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka
palih wetan sareng kidul, plung plong pikawaaseun. Palih wetan, dihandap teu
tebih, katingal atra pamandian Cipanas, rada tebihan wetaneunana muncunguk
kacamatan Tarogong. Palih kidul rada tebih, nanging eces katingal bumi-bumi,
bangunan, sareng masjid Agung Garut. Pantes, sareng kasawang ieu tempat teh
taya sanes dalah situs patilasan kanjeng Ratu Inten Dewata nu kantos ngababakan
di ieu tempat.
Karajaan Timbanganten teh sakawitna puseur
dayeuhna teh di Korobokan, lajeng ngalih ka Tarogong saparantosna gunung Guntur
bitu. Karajaan Timbanganten kalebet nagara madeg mandiri, hartina teu
kaereh/kajajah ku nagara deungeun. Tanahna subur makmur gemah ripah lohjinawi,
murah sandang murah pangan, rea ketan rea keton. Sepi paling towong rampog teh
lain ukur ngan babasan. Rajana katelah Rangga Lawe, hiji raja nu adil
palamarta, gede wibawa tur dipikacinta ku rahayatna.
Saleresna nu kedah nyekel kadali pamarentahan
teh sanes Rangga Lawe, nanging rakana nu kasebat Ratna Inten Dewata. Hiji istri
geulis camperenik, salirana jangkung alit, kulitna koneng. Rambutna hideung
meles galing muntang bawana ngajadi. Tapi anjeunna teu hoyongeun nyepeng
karajaan, kalah dipasrahkeun ka raina Rangga Lawe, hiji jajaka nu dedeg sampe
rupa hade rancingeus, pertentang tur parigel.
Ceuk sakaol, sateucanna Rangga Lawe jeneng
raja, nu nyepeng karajaan Timbanganten teh ramana suargi nu jenengan Rangga
Raksa Nagara. Ti parameswari Dewi Gandani anjeunna kagungan dua putra. Nu cikal
jenengannana Ratna Inten Dewata, ari raina mah Rangga Lawe.
Sawaktos raja sepuh bade ngantunkeun alias
tilar dunya, kantos mantenna masihan bewara dina hiji riungan rehna mantenna
bade masrahkeun karajaan Timbanganten ka putrana nu cikal nyeta Ratna Inten
Dewata, margi kitu aturan buhun karuhunna. Nanging kalayan lantip, Ratna Inten
Dewata ngawaler: “Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg hate, upami
diparengkeun abdi panjang umur, Ama sareng Ibu parantos teu aya, abdi hoyong
nyirnakeun pikir, ngahenang-ngahening nyorangan ngababakan. Cindekna teu hoyong
kadali pamarentahan. Kukituna, sanes nampik pangasih Ama, bawiraos sae
pasihkeun bae ieu karajaan teh ka pun adi Rangga Lawe. Kalintang pantesna upami
pun adi jadi raja, hiji jajaka pertentang, gede wawanen, perceka dina sagala
rupa hal. Tah, ku kituna ka rayi Lawe, prak geura tampa amanat jeung kaasih ti
Ama jeung ti lanceuk. Geura cekel ieu karajaan Timbanganten”.
Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratna Inten
Dewata angkat ka gunung Kutu nu kiwari disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki
Rambut Putih, nu bumela ngaping ngajaring sang putri. Mangtaun-taun marantenna
ngababakan di hiji tempat nu katelah Babakan Putri. Tempat nu kalintang
pikabetaheun. Hawana seger. Komo mun pareng kekembangan nyambuang sarareungit.
Manuk-manuk recet disarada. Ngerelekna sora pancuran nu ngocor kana empang
matak betah tumaninah.
Hiji mangsa karajaan Timbanganten mayunan
cocobi nu kalintang ageungna. Nyeta halodo panjang, dugi ka masyarakat karajaan
Timbanganten tigerat kakirangan cai. Aya usulan ti para gegeden karajaan
supados ngadamel bendungan cai, sumber caina nyandak atanapi ngabedol babakan
Putri nu waktos harita ngarupikeun padepokan Ratna Inten Dewata.
Kalayan teu ngemutkeun kumaha mamanahan sareng pamadegan ingkang raka, Rangga
Lawe nyaluyuan pikeun ngabongkar babakan Putri, nu caina engke baris
dikocorkeun ka bendungan karajaan Timbanganten. Tempat anu dipikabetah ku Ratna
Inten Dewata teh lajeng dibukbak, teras didamel tambak, teu tata pasini heula
kanu kagunganana.
Ratna Inten Dewata kalintang benduna. Dadak dumadak langit angkeub nutup buana
Timbanganten jeung sabuderna. Kawitna mah rahayat Timbanganten suka bungah.
Angot Rangga Lawe mah, dikintenna hujan bakal turun, katurug turug tambak cai
tos bade rengse.
Tapi kasuka jeung kabungah harita keneh sirna,
sabab ngadak-ngadak taneuh oyag. Gunung Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gede
mimiti karasa. Taneuh inggeung. Gelap pating burinyay. Bumi genjlong asa
digunjang ganjing. Gunung Guntur ngabudalkeun batu pating saliwer. Langit asa
tungkeb. Pating jelegurna sora gelap dina ponclot gunung Guntur beuki motah.
Tatangkalan pating dorokdok raruntuh, pareunggas katebak angin tarik naker.
Geus kitu mah kakara rahayat Timbanganten
ngarasa gimir. Bur-ber ka ditu kadieu. Pating jarerit, pating koceak. Rangga
Lawe kakara sadar, yen eta kajadian kitu teh mangrupa bebendon ti dewa, dumeh
geus wangkelang bedegong ka nu jadi lanceuk. Cul anak pamajikan, Rangga Lawe
seja milarian Ratna Inten Dewata, rek mundut dihapunten. Mantenna moal sugema,
upama teu amprok heula jeung nu jadi lanceuk.
Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawe tepang jeung
Ratna Inten Dewata. Kudupruk bae anjeunna nyuuh kana dampal sampean Ratna Inten
Dewata, sabari nyarios dumareuda: ”Duh, Mbok, hapunten jisim kuring rumaos
lepat. Ieu teh bebendon Hyang Widi ka jisim kuring, nu bedang wangkelang ka
salira Mbok”.
Satutasna Ratna Inten Dewata ngahampura kana
kalepatan Rangga Lawe, ngadak-ngadak lini teh eureun. Gunung Guntur teu
ngutahkeun deui leutak panas. Batu gede, batu leutik geus taya nu pating
belewer deui. Langit ngadak-ngadak lenglang, angin leler. Ciri Dewata nyakseni
kana kabersihan hate Ratna Inten Dewata. Ceuk sakaol, Ratna Inten Dewata sareng
Ki Rambut Putih lajeng arangkat ka palih wetan nu dituju nyeta gunung
Talagabodas ayeuna, duanana maksad neraskeun ngasakeun tatapana. Sarta didinya
pisan marantenna tarilem.
Ari Rangga Lawe mah, angkat ka hiji tempat nu
seueur kokocoran cai. Rangga Lawe nya ngababakan deui. Lila-lila eta babakan
teh beuki rame batan Korobokan kapungkur. Nepi ka kiwari babakan enggal teh
katelah Tarogong. Korobokan nu kapungkur kantos janten pusat dayeuh
Timbanganten, janten leuweung da teu dipirosea deui.Tapi ari ngaranna mah masih
keneh tug nepi ka ayeuna.
Mitutur catur kapungkur, Rangga Lawe nu
dijenengkeun raja deui ku rahayat Tarogong, sabada bumen-bumen di dinya, tilem
teu ngantunkeun tapak. Cipanas ayeuna jadi pamungpungan ti mana mendi, mangrupa
wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan, atawa ngadon tatamba pangpangna
caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya kitu deui Tarogong ayeuna
leuwih rame batan kampung Korobokan. Padahal samemehna mah Korobokan teh puseur
dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi ayeuna mah ukur ngaran kampung. Tarogong mah
beuki lila beuki rame. Garut katelah jadi Kota Inten.
B. Dongeng sasakala
Di Jawa Barat tepatnya di Kabupaten Bandung terdapat sebuah
tempat rekreasi yang sangat indah yaitu Gunung Tangkuban Perahu. Tangkuban
Perahu artinya adalah perahu yang terbalik. Diberi nama seperti karena
bentuknya memang menyerupai perahu yang terbalik. Konon menurut cerita rakyat
parahyangan gunung itu memang merupakan perahu yang terbalik. Berikut ini
ceritanya.
Beribu-ribu tahun yang lalu, tanah Parahyangan dipimpin oleh
seorang raja dan seorang ratu yang hanya mempunyai seorang putri. Putri itu
bernama Dayang Sumbi. Dia sangat cantik dan cerdas, sayangnya dia sangat manja.
Pada suatu hari saat sedang menenun di beranda istana, Dayang Sumbi merasa
lemas dan pusing. Dia menjatuhkan pintalan benangnya ke lantai berkali-kali.
Saat pintalannya jatuh untuk kesekian kalinya Dayang Sumbi menjadi marah lalu
bersumpah, dia akan menikahi siapapun yang mau mengambilkan pintalannya
itu. Tepat setelah kata-kata sumpah itu diucapkan, datang seekor anjing
sakti yang bernama Tumang dan menyerahkan pintalan itu ke tangan Dayang Sumbi.
Maka mau tak mau, sesuai dengan sumpahnya, Dayang Sumbi harus menikahi Anjing
tersebut.
Dayang Sumbi dan Tumang hidup berbahagia hingga mereka
dikaruniai seorang anak yang berupa anak manusia tapi memiliki kekuatan sakti
seperti ayahnya. Anak ini diberi nama Sangkuriang. Dalam masa pertumbuhannya,
Sangkuring se lalu ditemani bermain oleh seekor anjing yang bernama Tumang yang
dia ketahui hanya sebagai anjing yang setia, bukan sebagai ayahnya. Sangkuriang
tumbuh menjadi seorang pemuda yang tampan dan gagah perkasa.
Pada suatu hari Dayang Sumbi menyuruh anaknya pergi bersama
anjingnya untuk berburu rusa untuk keperluan suatu pesta. Setelah beberapa lama
mencari tanpa hasil, Sangkuriang merasa putus asa, tapi dia tidak ingin
mengecewakan ibunya. Maka dengan sangat terpaksa dia mengambil sebatang panah
dan mengarahkannya pada Tumang. Setibanya di rumah dia menyerahkan daging
Tumang pada ibunya. dayanng Sumbi yang mengira daging itu adalah daging rusa,
merasa gembira atas keberhasilan anaknya. Segera setelah pesta usai Dayang
Sumbi teringat pada Tumang dan bertanya pada pada anaknya dimana Tumang berada.
Pada mulanya Sangkuriang merasa takut, tapa akhirnya dia mengatakan apa yang
telah terjadi pada ibunya.Dayang Sumbi menjadi sangat murka, dalam kemarahannya
dia memukul Sangkuriang hingga pingsan tepat di keningnya. Atas perbuatannya
itu Dayang Sumbi diusir keluar dari kerajaan oleh ayahnya. Untungnya
Sangkuriang sadar kembali tapi pukulan ibunya meninggalkan bekas luka yang
sangat lebar di keningnya.Setelah dewasa, Sangkuriang pun pergi mengembara
untuk mengetahui keadaan dunia luar.
Beberapa tahun kemudian, Sangkuriang bertemu dengan seorang
wanita yang sangat cantik. Segera saja dia jatuh cinta pada wanita tersebut.
Wanita itu adalah ibunya sendiri, tapi mereka tidak saling mengenali satu sama
lainnya. Sangkuriang melamarnya, Dayang Sumbi pun menerima dengan senang hati.
Sehari sebelum hari pernikahan, saat sedang mengelus rambut tunangannya, Dayang
Sumbi melihat bekas luka yang lebar di dahi Sangkuriang, akhirnya dia menyadari
bahwa dia hampir menikahi putranya sendiri. Mengetahui hal tersebut Dayang
Sumbi berusaha menggagalkan pernikahannya. Setelah berpikir keras dia akhirnya
memutuskan untuk mengajukan syarat perkawinan yang tak mungkin dikabulkan oleh
Sangkuriang. Syaratnya adalah: Sangkuriang harus membuat sebuah bendungan yang
bisa menutupi seluruh bukit lalu membuat sebuah perahu untuk menyusuri
bendungan tersebut. Semua itu harus sudah selesai sebelum fajar menyingsing. Sangkuriang
mulai bekerja. Cintanya yang begitu besar pada Sangkuriang memberinya suatu
kekuatan aneh. Tak lupa dia juga menggunakan kekuatan yang dia dapat dari
ayahnya untuk memanggil jin-jin dan membantunya. Dengan lumpur dan tanah mereka
membendung air dari sungai dan mata air. Beberapa saat sebelum fajar,
Sangkuriang menebang sebatang pohon besar untuk membuat sebuah perahu. Ketika
Dayang Sumbi melihat bahwa Sangkuriang hampir menyelesaikan pekerjaannya, dia
berdoa pada dewa-dewa untuk merintangi pekerjaan anaknya dan mempercepat
datangnya pagi.
Ayam jantan berkokok, matahari terbit lebih cepat dari biasanya
dan Sangkuriang menyadari bahwa dia telah ditipu. Dengan sangat marah dia
mengutuk Dayang Sumbi dan menendang perahu buatannya yang hampir jadi ke tengah
hutan. Perahu itu berada disana dalam keadaan terbalik, dan membentuk Gunung
Tangkuban Perahu(perahu yang menelungkub). Tidak jauh dari tempat itu terdapat
tunggul pohon sisa dari tebangan Sangkuriang, sekarang kita mengenalnya sebagai
Bukit Tunggul. Bendungan yang dibuat Sangkuriang menyebabkan seluruh bukit
dipenuhi air dan membentuk sebuah danau dimana Sangkuriang dan Dayang Sumbi
menenggelamkan diri dan tidak terdengar lagi kabarnya hingga kini.
Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana,
nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna
kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh
saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida
pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti
pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta
mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah
pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung
batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka
sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna
dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé
jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan.
Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng.
Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi
ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh. Keur meujeuhna
balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu
ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya
sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun,
pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka
nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit
manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya
wawalesna.” Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu
dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg,
sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit
téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri
batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran
cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut
tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu
weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua
ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi
situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.
Kacaritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang
ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna
kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat
Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun éta
Gunung Gedé bener-bener bitu?
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita.
Ngan éta bupati téh pohara towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana.
Atuh sanajan can kalaporan gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna
rahayat. Anjeunna teras ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna
teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan
ku jalan kitu, anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun
nyalametkeun rahayatna.
Ku cengeng-cengengna nu mangadep,
alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati tinekanan. Dina hiji wengi, Kangjeng
Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki. Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing
sarwa bodas téh, pok sasauran anca pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus
terang kumaha kabingung hidep. Éyang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa
leupas tina kahariwangna. Éta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan
putra dalem anu dijieun tina emas. Poma hidep ulah deuk ngorétkeun. Tah, sakitu
baé ti Éyang.”
Sabada sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé
leungit tina impénan Kangjeng Bupati. Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng
Bupati kaluar ti kamar sarta teras nyandak keris pusaka.
Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak
Gunung Gedé. Rurusuhan da sieun bitu mantén. Najan rahayat anu keur bingung,
nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep.
Bring baé naluturkeun.
Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng
Bupati teu talangké, ngan lung baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna.
Rahayat anu tadi naluturkeun téh ngan bati colohok, da éta keris téh éstu
kageugeut pisan Kangjeng Bupati. Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep
saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa,
harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat
téh. Ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda
nganuhunkeun. Sakabéh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk
dayeuh.
Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng
Bupati ditampi kalayan dareuda, bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa
nyingkahkeun balai, bingah lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.
Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah
Gunung Tampa Emas, anu saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu
pikasieuneun, malah mun pareng poé peré mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka
puncakna
C. Dongeng Fabel
Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol
sobatna nya éta Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé,
yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani, mangka cabéna geus
bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal gandéng?”
“Moal, nyaan moal gandéng.”
“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”
Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya
téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani
geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor
kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé,
didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun.
Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét
ngagorowok.
“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!”
“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa
Tani.”
Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé.
Gorowok deui baé.
“Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora
Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti
kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong
aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.
“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa
Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang
Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.
“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya
ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk
acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da
teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing
téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku
kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyét rerencepan
ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.
“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang
Monyét nanya.
“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh
keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang
Monyét ngahuleng sajongjongan.
“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang
tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.
“Tukeur tempat kumaha?”
“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar,
kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting
dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna
sakadang kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring
kudu di alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”
Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun
Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang
Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah
Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago
beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka
pamajikanana.
“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh
kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh
rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus
kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét
téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka
anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu
kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh
pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat,
kalacat baé naék kana tangkal kai.
Sanggeus durukan téh pareum, Sakadang Kuya kurah-koréh. Manggih
tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang
téh dicokot, tuluy diberesihan.
“Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk Sakadang Kuya.
Ras inget ka Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina ditroktrokan baé ku Sakadang
Caladi.”
Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa.
“Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk Sakadang Kuya.
“Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.
“Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!”
Tulang téh ditroktorak ku caladi.
“Nuhun Lo!” ceuk Sakadang Kuya.
Tuluy suling téh ditiup ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi.
“Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula,” ceuk Sakadang Kuya.
Ras manéhna inget ka Sakadang Bangbara.
Sakadang Kuya néangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal
anu keur ngarangrangan.
“Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!” ceuk Sakadang Kuya.
“Tulungan naon, Wa?” ceuk Sakadang Bangbara.
“Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.”
Tuluy atuh suling téh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka
Sakadang Bangbara, suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara.
“Ah, can ngeunaheun kénéh baé. Jigana mah kudu dipasieup heula,” ceuk Sakadang
Kuya.
Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.
“Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki,”
ceuk Sakadang Kuya.
“Aya naon, Ki? Meni rareuwas,” ceuk Sakadang Sireupeun.
“Ieu Aki téh boga suling, tapi masih kénéh silung. Cing, pangmasieupkeun
sakeudeung mah.”
Tuluy atuh suling téh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah
masieup suling téh henteu gampang. Tapi teu burung anggeus ogé.
“Nuhun Jang.”
“Sami-sami, Ki.”
Tuluy atuh suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.
“Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling téh. Nuhun ah, Jang,” ceuk Sakadang Kuya
bari indit.
Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar.
Sato-sato ogé anu biasana garandéng, jep baé jarempé, ngadédéngékeun sora
suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanéa.
Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong
keur anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung.
Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung,
nyaeta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong
ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot,
dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus
lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.”
Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb.
Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina.
Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan
anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan
piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang
Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna
baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh
ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal
sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di
dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!”
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku
Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu
asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu
dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun
Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong
rek nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus
ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang
Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti
dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka
andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge
ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.”
Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu
ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug
bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh
rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih.
Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh
pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina
sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan
ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang
Landak oge manehna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang
Bagong.
SAKADANG Kuya kacida hanjelueunana, lantaran sulingna dibawa kabur ku
Sakadang Monyét. Taya peta bisa kapimilik deui. Tuluy leumpang ngadédod,
karepna rék balik ka pamatuhanana di sisi walungan.
Barang anjog ka sisi walungan, gok panggih jeung Sakadang
Keuyeup.
“Ku naon Sakadang Kuya, bet jiga anu sedih kitu?” Sakadang
Keuyeup nanya.
“Nyaéta, uing téh keur meunang kasusah,” ceuk Sakadang Kuya.
“Kasusah naon?”
Barabat atuh Sakadang Kuya nyaritakeun lalampahanana, ti
mimiti panggih jeung maung, boga suling tina tulang maung, nepi ka sulingna
dibawa kabur ku Sakadang Monyét.
“Emh, nyaan taya rasrasan pisan Sakadang Monyét mah,” ceuk
Sakadang Keuyeup, “Jigana mah kudu diwarah.”
“Enya, ngan kumaha carana?”
“Keun éta mah bagéan uing. Ayeuna mah anteur baé uing ka
tempat Sakadang Monyét!”
“Sukur atuh ari Sakadang Keuyeup bisa nulungan mah.”
“Tapi, henteu haratis. Lamun suling beunang deui, rék méré
naon Sakadang Kuya ka uing?”
“Naon atuh, nya?”
“Kieu wé atuh, nya, uing téh geus lila hayang boga munding.
Tah, kumaha lamun buruhna ku munding baé?” ceuk Sakadang Keuyeup.
“Jadi lah, ari munding mah uing gé boga sarakit. Pék nu jalu
mah keur Sakadang Keuyeup, asal suling beunang deui.”
“Heug ari kitu mah, kuring daék nulungan Sakadang Kuya.”
Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup indit
ngadatangan Sakadang Monyét. Kasampak Sakadang Monyét keur nyuling dina dahan
kai pangluhurna.
“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling téh!” ceuk Sakadang
Kuya.
“Ceuk uing ogé bawa ku sorangan ka dieu! Naék mun bisa mah!”
témbal Sakadang Monyét bari ngarenyohan.
“Pokona lamun teu dibikeun deui, rasakeun siah!” ceuk
Sakadang Kuya.
Ngadéngé omong Sakadang Kuya kitu téh, Sakadang Monyét kalah nyeungseurikeun.
Waktu Sakadang Kuya
jeung Sakadang Monyét paréa-réa omong, Sakadang Keuyeup naék kana tangkal kai,
ngadeukeutan ka Sakadang Monyét. Beuki
deukeut, beuki deukeut baé. Terus Sakadang Keuyeup cicing palebah buntut
Sakadang Monyét anu nyampay dina dahan.
“Rék dibikeun moal?”
ceuk Sakadang Kuya.
“Moal!” témbal Sakadang Monyét.
Bérés ngomong, ana
gep téh buntut Sakadang Monyét dicapit satakerna ku Sakadang Keuyeup. Sakadang
Monyét kacida reuwaseunana jeung
nyerieun deuih.
“Oaduh, oaduuuh,
oahahaha,” Sakadang Monyét gogorowokan,
lantaran buntutna karasa nyeri dicapit ku Sakadang Keuyeup nepi ka buntung. Ari
sulingna téa ragrag, tuluy disanggap ku Sakadang Kuya.
Sanggeus sulingna
beunang, Sakadang Kuya muruhan munding ka Sakadang Keuyeup. Munding jalu. Bari hahariringan,
Sakadang Keuyeup balik kana liangna di sisi walungan bari nungtun munding. Ngan
barang asup kana liang, awakna katincak ku munding. Anu matak, cenah, nepi ka
ayeuna dina tonggong keuyeup aya anu dekok siga tapak suku munding.
Ari Sakadang Monyét
mah terus kabur. Malah teu datang-datang
deui ka dinya. Jigana mah éraeun,
lantaran buntutna buntung dicapit ku keuyeup téa. Malah mah cenah turunanana ogé areuweuh buntutan.
Disebut baé “oa”, lantaran lamun keur
karasa nyeri sok humarurung, “Oahahaha, oahahaha.” Nepi ka lila-lila mah sorana ogé kitu deuih.
SORA
suling téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét.
“Alah,
aya ku ngeunah éta sora suling. Saha anu niupna nya?” gerentes Sakadang Monyét.
Sakadang Monyét gagancangan néangan lebah datangna sora. Ari bréh, gebeg,
sihoréng Sakadang Kuya anu niup suling téh. Jorojoy aya niat hayang ngarebut
éta suling.
Sanggeus
ngahuleng sakedapan, tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Sakadang
Kuya! Sakadang Kuya!”
Sakadang
Kuya teu eureun niup sulingna. Lain teu nyahoeun aya Sakadang Monyét, ngan
api-api teu nyaho wé
“Sakadang
Kuya, meni alus suling téh. Sorana gé meni genah kadéngéna,” ceuk Sakadang
Monyét.Sakadang Kuya teu ngawaro.
“Cik
ah, nginjeum sakeudeung wé.”
Sakadang
Kuya eureun niup sulingna. Pok ngomong, “Nginjeum? Ih, ulah. Ieu mah lain
suling samanéa, dijieunna ogé tina tulang maung.”
“Sakeudeung
wé atuh.”
“Ulah,
ah, bisi dibawa kabur!”
“Maenya
teu percaya ka uing, apan urang téh lain wawuh anyar-anyar.”
“Anu matak teu dibikeun ogé kitu, sabab uing apal
ka Sakadang Monyét téh. Apal
luar-jerona, lah.”
Sakadang Monyét ngahuleng sakedapan.
“Kieu
wé atuh, salila uing niup suling, pék tah gégél buntut uing,” ceuk Sakadang
Monyét bari ngasongkeun buntutna.
“Heug
atuh ari kitu mah,” ceuk Sakadang Kuya bari mikeun suling ka Sakadang Monyét.
Sakadang Monyét diuk dina dahan anu handap, ari Sakadang Kuya ngégél buntut
Sakadang Monyét.
Sakadang Monyét niup suling.
Trét-trot
trét trot,
suling
aing tulang maung,
ditoktrokan
ku caladi,
diliangan
ku bangbara,
dipasieup
ku sireupeun,
torotot
héong,
torotot héong.
“Sakadang
Kuya, ulah lebah dinya ngégélna, di dinya mah urut borok. Cik handapan
saeutik!”ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang
Kuya ngégélna pindah ka béh handap.“Ih, di dinya mah nyeri, apan urut raheut
téa.”
Sakadang Kuya pindah deui ngégélna rada ka handap.
“Éta-éta,
di dinya gé ulah, bisi teu nyaho mah lebah dinya téh bagéan permatina!”
Kitu jeung kitu baé. Antukna Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét téh
ditungtungna pisan.
“Tah,
di dinya wé!” ceuk Sakadang Monyét bari ngajleng. Atuh puguh wé, Sakadang Kuya
téh lésot ngégélna. Sakadang Monyét tuluy nérékél kana dahan anu pangluhurna.
Gék diuk di dinya. Tuluy niup sulingna.
Trét-trot
trét trot,
suling
aing tulang maung,
ditoktrokan
ku caladi,
diliangan
ku bangbara,
dipasieup
ku sireupeun,
torotot
héong, torotot héong.
“Sakadang
Monyét, ka dieukeun suling uing!” ceuk Sakadang Kuya.
“Cokot
ka dieu ari hayang mah!” témbal Sakadang Monyét, terus niup suling.
Sakadang
Kuya ukur bisa olohok. Rék naék, teu bisa.
DINA hiji poé Sakadang Kuya ulin ka
sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut.
Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.
Keur
kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik
ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.
“Ha
ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan
Sakadang Kuya.
Sakadang
Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang,
kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik
lumpatna.
“Ké
heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.
“Naon
deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung,
ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can
baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”
“Sabar,
Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun mémang
geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup.
Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah
jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”
“Diduruk
heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.
“Gampang
atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”
“Ari
suluhna ti mana?”
“Ngala
ka leuweung!”
“Ngala
ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka
leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk
Sakadang Maung.
“Bisi
anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!”
témbal Sakadang Kuya.
“Heug
atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya.
Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina
ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu paménta
Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka
leuweung rék ngala suluh.
Sabot
Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik.
Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina
luhureun éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.
Jol
Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur
baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing.
Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun.
Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus baé mubus kana liang anu
aya di handapeunana.
“Sakadang
Kuya!” ceuk Sakadang Maung.
“Kuk!”
“Can
paéh?”
“Encan,
seuneuna kurang gedé.”Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang
Kuya!”
“Kuk!”
“Can
paéh kénéh?”
“Encan,
anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.
Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang
Kuya!”Sakadang Kuya teu némbalan.
“Ah,
jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”
Barang
durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging
kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi
bodas ku lebu.
“Sakadang
Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.
“Puguh
ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang
Kuya kalem.
“Baruk
tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung
deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”
Sakadang
Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”
“Ih,
puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih
tegep, nya!”
“Tangtu
wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga
kulit bodas téh, bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan
coréléng geus tegep.”
“Bisa
kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung,
rada sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.
“Nya
bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.
“Diduruk?
Moal panas kitu?”
“Moal.
Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit
jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya. “Lamun
arék, jung atuh néangan suluhna heula!”
Teu
loba tatanya deui, Sakadang Maung indit
ka leuweung rék ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang
bari manggul suluh gararing.
“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku
suluh!” ceuk Sakadang Kuya.
Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh.
Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé hurung, tangka ngabebela.
“Sakadang
Maung!”
“Heuy!”
“Hirup
kénéh?”
“Hirup,
euy, ngan panas geuning!”
“Panas
sotéh mimitina, engké mah moal geura.”
Suluhna
ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh?”
“Hirup
euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.
Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang
Maung, hirup kénéh?”
“Iup,
han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.
Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya
deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang
Maung, hirup kénéh euy?”
Sakadang
Maung teu némbalan.
“Lah,
kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.
Teu
lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sira h jeung awak Sakadang Maung
baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.
“Yakin
geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan
sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.
ANU pundung téh henteu
lila. Ngan sapeuting. Isukna, isuk-isuk Sakadang Monyét geus datang deui
nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Keur naon?”
“Ah, biasa wé keur
moyan,” témbal Sakadang Kuya anu keur cinutrung dina batu. “Ari tadi peuting saré
di mana Sakadang Monyét téh?” Sakadang
Kuya malik nanya.
“Di ditu, di deukeut
kebon Pa Tani.”
“Baruk? Naha Ujang teu
sieun ku Pa Tani?”
“Ah, henteu, da Pa
Tanina ogé areuweuh. Imahna gé katénjona karosong. Jigana mah keur arindit
jauh.”
“Kadé ah, sing ati-ati
mun papanggih Pa Tani. Pa Tani téh manusa. Manusa téa hararak jeung sagala
beuki deuih!”
“Sing percaya wé atuh
ka uing!”
Jempé sajongjongan.
Pok Sakadang Monyét nyarita deui.
“Lain, Sakadang Kuya,
uing téh kabita ku Pa Tani.”
“Kabita kumaha?”
“Kabita ku cara
hirupna, meni asa garenah. Geura baé, mun hayang barangdahar, teu kudu
kukurilingan heula néangan dahareun cara urang. Béas kari nutu. Atuh deungeunna
kari ngala di kebon. Geus puguh sabangsa
lalab mah. Asal daék ngalana. Kabéh aya di kebonna.”
“Atuh kudu daék ngebon
Jang, mun hayang kitu mah.”
“Enya, kumaha lamun
ayeuna urang ngebon nurutan Pa Tani? Meureun mun hayang baranghakan téh teu
kudu kukurilingan heula cara ayeuna. Kari ngala wé di kebon.”
“Alus tah, Jang,
pikiran téh. Ngan melak naon nya anu pantes keur urang?”
“Ku lantaran uing mah
karesep téh cau, kumaha upama melak tangkal cau?”
“Hih, da uing ogé
resep kana cau mah!”Duanana sapogodos rék melak cau.
“Tapi di mana
melakna?” Sakadang Monyét nanya.
“Ah, di dinya wé tah,
di hilir, di sisi leuwi. Di dinya aya tanah kosong, meujeuhna mun ku urang
dikebonan téh. Tanahna ogé alus di dinya,” témbal Sakadang Kuya.
“Naha lain di girang
wé atuh, deukeut ka basisir?”
“Di dinya mah tanahna
kurang hadé, geus campur jeung keusik.”
Sapuk baé rék ngebon cau di tanah kosong sisi leuwi.
Ari binihna rék ngala
di kebon Pa Tani. Kabeneran Pa Tanina keur euweuh. Malah dina ayana ogé, moal
ambek sugan ari dipénta binih cau mah. Asal ulah diala cauna wé, komo anu geus
asak dina tangkal mah.Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét indit ka
kebon Pa Tani.
“Ari Sakadang Kuya rék
melak naonana?” Jang Onyé nanya.
“Uing mah rék
melak anakna wé.”
“Har, atuh lila kana
buahanana ari melak anakna mah.”
“Éh, da kitu biasana,
ari melak cau mah kudu anakna.”
“Ah, teu kitu! Uing
mah rék melak jantungna wé,” ceuk Sakadang Monyét.
“Naha?”
“Ari Sakadang Kuya,
bodo téh dibéakkeun ku sorangan. Yeuh, ari cau téh asalna tina jantung. Anu
matak uing mah arék melak jantungna,
ambéh téréh kaala buahna,” ceuk Sakadang Monyét bari semu ngécé ka Sakadang
Kuya.
“Ah, uing mah rék
nurutkeun tali paranti wé, melak anakna,
anak cau.”
“Heug atuh, Sakadang
Kuya melak anakna, uing melak jantungna.
Ayeuna mah urang paheula-heula buahan! Pasti pelak uing anu
pangheulana buahan mah!” ceuk Sakadang Monyét, yakin pisan.
Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau di tanah nu di sisi leuwi téa.
Sakadang Kuya melak anakna, anak cau,
ari Sakadang Monyét melak jantungna.
Saminggu ti harita,
pelak cau téh ditaréang.
“Sakadang Kuya, pelak
cau téh geus kumaha?” Sakadang Monyét nanya.
“Karak lilir nu
uing mah. Ari nu Sakadang Monyét
geus kumaha?”
“Geus beukah,
sakeudeung deui ogé geura, bijil buahna,” ceuk Sakadang Monyét, bungah naker.Saminggu deui ti harita,
maranéhna naréang deui pelak cauna.
“Sakadang Kuya, pelak
cau téh ayeuna geus kumaha?” ceuk Sakadang Monyét.
“Anu uing mah geus
bijil pucuk. Ari nu Sakadang Monyét kumaha?”
“Pelak uing mah atung-atung énéh aé,” témbal
Sakadang Monyét ngabéléhém. Maksudna mah
jantung-jantung kénéh baé.Selang
saminggu, pelak cau téh ditaréang deui.
“Ayeuna geus kumaha
pelak cau téh,” Sakadang Monyét nanya.
“Tuh, geus bijil pucuk
tilu. Ari nu Sakadang Monyét?”
“Atung-atung énéh aé.”
Beuki lila, pelak cau
Sakadang Kuya beuki ngagedéan, malah morontod jadina ogé, kawantu tanahna
subur. Ari pelak jantung Sakadang Monyét mah, tibatan jadi kalah ka buruk. Nampuyak digembrong laleur.
“Ning alah uyuk sia
mah!” ceuk Sakadang Monyét bari nalapung pelak jantungna. Sakadang Kuya ukur
mésem nénjo kalakuan Sakadang Monyét
kitu téh. Na jero haténa mah nyeungseurikeun, bari ngagerentes, “Dasar kokolot
begog! Henteu umum atuh melak cau
jantungna mah!”
Ahirna di dinya téh
ngan aya pelak cau anu Sakadang Kuya. Geus kitu mah diarantep wé, teu
ditéang-téang deui. Engké cenah lamun kira-kira buahna geus arasak, rék ditéang
deui bari sakalian diala.
PEUTINGNA
dua sobat anyar téh sararé di sisi leuwi, dina tangkal kiara. Sakadang Monyét
saré dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya saré dina sela-sela akar
kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol méméh saré. Atawa bisa
silihgeuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana saré tibra.
Tengah
peuting, Sakadang Monyét nyaring. Tuluy ngageroan Sakadang Kuya.
“Sakadang
Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!”
“Aya
naon Sakadang Monyét?”
“Uing
ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut.”
“Di
mana?”
“Di
tengah leuweung. Tapi dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna ogé.”
“Keun isukan urang téang. Ayeuna mah urang saré
deui wé da peuting kénéh!” ceuk Sakadang Kuya.
Ngadéngé jawaban kitu, Sakadang Monyét saré deui. Meni
dug-ker. Ari Sakadang Kuya mah rada hésékana
saré deuina téh. Keur kitu,
kadéngé Jang Onyé ngalindur. Cenah, “Ah, isukan mah rék ngala nangka.
Diala ku sorangan, da Sakadang Kuya mah
teu bisaeun naék. Didahar kabéh ku sorangan, Sakadang Kuya mah ku uing moal dibéré.”
Ngadéngé
kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan Sakadang Monyét. Tuluy
néangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang Monyét. Sanajan lila
ulengna, tapi teu burung kapanggih ogé. Geus kitu mah, reup baé Sakadang Kuya
téh saré deui.
Isuk-isuk,
wanci carangcang tihang, Sakadang Monyét geus hudang. Jrut turun tina dahan
tempat saréna. Tuluy baé ngaguyah-guyah ngahudangkeun Sakadang Kuya.
“Yeuh,
Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang néang nangka téa!” ceuk Sakadang
Monyét.
Sakadang
Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong, “Ké atuh Sakadang Monyét, ayeuna
mah isuk kénéh!”
“Ih,
engké mah bisi kaburu diala ku batur!”
“Apal
henteu jalanna?”
“Ih,
puguh wé, da dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna.”
“Hayu
atuh!”
Bring
éta dua sobat anyar téh indit ka jero leuweung. Inditna teu bisa gancang, sabab Sakadang Kuya mah
leumpangna boyot. Kira-kira wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu dituju.
Enya wé, henteu salah impian Sakadang
Monyét téh. Di dinya aya tangkal nangka sagedé beuteung munding. Buahna leubeut
tinggarayot dina dahan-dahanna.
“Sok-sok
atuh geura naék, ulah ngahuhuleng baé!” ceuk Sakadang Kuya ka Sakadang Monyét.
“Ké
heula, gampang naék mah. Ngan uing téh teu nyaho, kumaha carana ngabédakeun
nangka anu geus asak jeung nangka anu atah kénéh,” ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang
Kuya seuri leutik ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Asa manggih jalan
pikeun metakeun akalna, anu meunang
mikiran tadi peuting. “Gampang atuh
ngabédakeunana mah. Ditepakan wé. Lamun sorana plék-plék-plék, tandana éta
nangka geus asak. Lamun sorana pluk-pluk-pluk, hartina atah kénéh,” ceuk Sakadang Kuya.
Henteu talangké deui, térékél Sakadang
Monyét naék kana tangkal nangka. Gugurayangan. Ceuk pikirna, “Si Kuya
mah rék dibéré anu aratah baé, ari anu arasakna keur uing, rék didahar di luhur ku sorangan.”
Terus nepakan nangka anu ngagarayot.
Anu sorana plek-plek-plek dirawatan ku
manéhna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari ngajorowok, “Tah,
Uya, méré nangka. Pék wé dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, naék ka
dieu!” cenah.
Sakadang
Monyét tuluy ngagorogotan nangka dina luhur tangkal. Leungeunna, sungutna,
malah sukuna ogé pinuh ku geutah. Ari sababna, nangka anu didaharna téh nangka
atah. Sakadang Monyét teu nyahoeun, saenyana nangka asak mah lamun ditepakan
téh sorana ngagepluk, lain ngageplék.
“Aha
euning Huya, angkra téh atrah,” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna teu
béntés, lantaran biwirna rapet ku geutah
nangka. Sakadang Kuya teu némbalan.
Ari
rét Sakadang Monyét ningali ka handap, katémbong Sakadang Kuya keur ngalimed
baé ngadaharan nangka asak.
Karonéng jeung seungit deuih. Malah nangka téh ampir béak, tinggal jaramina jeung
sikina anu balatak di sabudeureunana.
Sakadang
Monyét kacida kagétna. Geus teg baé boga
rasa yén manéhna geus kabelejog ku Sakadang Kuya. Buru-buru manéhna tuturubun
nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Emh,
Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar ku sorangan,” ceuk
Sakadang Monyét.
“Apan
ieu ogé paméré ti Sakadang Monyét, da uing mah teu bisa naék,” témbal Sakadang
Kuya.
“Cing atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar
ku uing mah nangka atah!”
“Tah,
aya sanyamplung deui!” ceuk Sakadang Kuya.
Nangka
anu sanyamplung téh dicokot ku Sakadang Monyét, tuluy didahar. Enya wé ngeunah,
amis kareueut. Sakadang Monyét gantung
teureuyeun. Ménta deui ka Sakadang Kuya,
puguh da geus béak.
“Sakadang
Kuya mah kawas lain jeung sohib baé!” ceuk Sakadang Monyét bari jamedud. Tuluy
lumpat, térékél naék kana tatangkalan,
indit ninggalkeun Sakadang Kuya. Sakadang
Monyét téh pundung tayohna mah.
Sanggeus
kitu mah, Sakadang Kuya ogé balik deui ka tempat asalna. Leumpangna beuki ngadédod baé, lantaran beuteungna
seubeuh teuing ku nangka.
SAKADANG Monyét beuki ambek baé ka Sakadang Kuya. Sanggeus
reureuh sakeudeung, terus baé indit. Maksudna rék néangan Sakadang Kuya. Ceuk
pikirna, Sakadang Kuya téh geus kaleuleuwihi. “Teu bisa diantep, enya-enya kudu
diwarah ayeuna mah! Rasakeun siah Kuya, ku aing disasaak!” Sakadang Monyét
ngomong sorangan.
Ditéangan ka ditu ka dieu, weléh teu kapanggih. Handapeun
batu paranti nyumputna dirojokan ku awi, teu embol-embol. Na ka mana atuh
Sakadang Kuya téh? Sakadang Monyét ampir putus asa. Terus leumpang ka jero
leuweung. Sugan aya di leuweung keur néangan hakaneun.
Enya baé, Sakadang Kuya keur diuk mendeko handapeun tangkal
nangka.
“Tah, kapanggih ayeuna mah mangkeluk anu julig téh,” ceuk
Sakadang Monyét. “Hayoh siah rék lumpat ka mana? Beunang ayeuna mah!”
“Ssst, ulah geruh! Na teu nyaho uing téh keur nungguan goong
Batara Guru?” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna laun.
“Naon? Goong Batara Guru?” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna
angger bedas.
“Ssst, ceuk uing gé ulah geruh! Daék anjeun kabendon ku
Batara Guru?” ceuk Sakadang Kuya deui.
“Mana goong Batara Guru téh?” ceuk Sakadang Monyét. Ayeuna
mah ngomongna halon.
“Tuh, ténjo atuh di luhur!” ceuk Sakadang Kuya bari nunjuk
kana sayang odéng, ampir sagedé nangka bakating ku gedé.
Sakadang Monyét teu
ngomong. Gék diuk gigireun Sakadang Kuya bari panonna anteng neuteup goong
Batara Guru.
“Sakadang Kuya, meunang henteu mun uing ngajaran nakol
goong?” ceuk Sakadang Monyét.
“His, ulah atuh! Uing mah sieun kabendon ku Batara Guru.
Tong boroning nakol, ngadeukeutan ogé
uing mah teu wani!” témbal Sakadang Kuya.
“Sakali wé Sakadang Kuya!”
“Teu bisa!”
“Lalaunan ieu mah nakolna ogé, hayang ngadéngé sorana!”
“Rék lalaunan rék tarik, pokona mah teu bisa! Sabab uing
diwanti-wanti pisan kudu enya-enya ngajaga ieu goong.
“Jadi, hampura wé Sakadang Monyét.”
Tapi
Sakadang Monyét keukeuh maksa.
“Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat baé,” ceuk Sakadang
Monyét semu ngageuri.
Ahirna Sakadang Kuya nyarita, “Nya ari hayang-hayang teuing
mah, sok baé atuh. Ieu mah pédah ka sobat wé, mun ka batur mah moal diidinan,
sanajan sakumaha maksana ogé. Tapi saméméhna uing kudu ingkah heula ti dieu.
Ari sababna, uing sieun dicarékan ku Batara Guru. Sieun disupata. Ké lamun uing
geus jauh ti dieu, pék baé takol.
Sakadang Monyét kacida atohna ngadéngé omongan Sakadang Kuya
kitu téh. Ari Sakadang Kuya mah terus baé ngaléos. Ngadédod indit ka leuwi.
Sanggeus Sakadang Kuya jauh, térékél Sakadang Monyét naék
kana tangkal nangka bari mawa pangpung. Gék diuk dina dahan handapeun sayang
odéng téa.
“Cing ah urang takol goong Batara Guru téh,” ceuk Sakadang
Monyét. Tuluy ditakol lalaunan ku pangpung.Keplok, nguuungngng.
“Alah, ngeunah sorana ogé, meni bangbaraan,” ceuk Sakadang
Monyét bari seuri. “Sakali deui ah!”Keplok, nguuungngng.
Sakadang Monyét tangka ngalenggak-lenggak baé bakating ku
nimat ngadéngékeun sora goong Batara Guru.Keplok, nguuungngng.
“Cacakan ditakolna lalaunan, sorana geus agem kitu. Komo
lamun tarik meureun, pasti sorana handaruan,” ceuk Sakadang Monyét dina jero
haténa.
Sakadang Monyét ngawahan. Belatak sayang odéng anu disangka
goong Batara Guru téh ditakol sataker tanaga nepi ka bencar. Odéngna kalaluar,
kabéh napuk ka Sakadang Monyét. Nyareureud. Sakang Monyét tuturubun tina
tangkal nangka, terus lumpat bari jéjéréwétan.
“Tuluuung! Alah ieung, tulung. tuluuungngng!” Awakna béak
diseureud ku odéng. Lumpat ka mana baé ogé, terus diudag-udag ku odéng anu
kacida lobana. Gebrus waé atuh manéhna ngagejeburkeun manéh ka leuwi. Terus
teuleum bari nahan kanyeri. Awakna, sirahna, leungeunna, sukuna, irungna,
ceulina … ah, kabéh euweuh nu kaliwat, barareuh diseureud ku odéng.
Sanggeus rada lila aya di leuwi, odéngna geus euweuh,
Sakadang Monyét kakara wani hanjat. Tuluy cinutrung dina batu. Kabulusan.
Haténa mah kacida ambekna ka Sakadang Kuya.
“Nyaan, Sakadang Kuya mah teu beunang dipisobat! Geus ti
ayeuna mah aing moal daék deui sosobatan jeung Si Kuya téh. Dasar kuya kolot ku
manéh!” ceuk Sakadang Monyét ngomong sorangan, nyarékan bébéakan ka Sakadang
Kuya.
Ti harita Sakadang Monyét tara datang-datang deui
nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Tapi ari cicingna mah angger baé di dinya,
henteu ingkah ti leuweung sisi muara. Ari haténa mah angger baé ngunek-ngunek,
hayang males kanyeri ka Sakadang Kuya.
Aya hiji jelema
imah-imah di sisi leuweung. Unggal poé sok ngala suluh, tuluy dijual ka dayeuh.
Teu daékeun ngajual suluh di pasar anu deukeut, da payuna tara mahal kawas di
dayeuh. Jadi najan jauh ogé, manéhna sok pulang-anting ka dayeuh. Biasana
inditna sok subuh-subuh, datangna deui ka imah geus beurang pisan. Geus
barangdahar indit deui ka leuweung, datangna deui geus burit.
Kacaritakeun manéhna
téh meuli kaldé. Sawatara poé henteu ka dayeuh, ngumpulkeun heula suluhna,
supaya rada loba.
Barang suluhna geus
loba, tuluy dimuatkeun kana tonggong kaldé. Isuk-isuk manéhna indit ka dayeuh.
Datang ka dayeuh geus panas, geus meujeuhna kaluar késang
Barang ngaliwat ka
hareupeun tukang cukur, tukang suluh téh dieureunkeun.
Ari éta tukang cukur ngaranna téh Ali. Tukang cukur mashur pisan, lantaran
nyukurna pinter jeung gancang. Tara aya anu raheut, tara baréd-baréd acan nu dicukur
ku Ali mah. Para ménak jeung nu baleunghar sok mungpung ka Ali baé. Unggal poé
tara towong nu datang ménta dicukur. Tampolana nepi ka aya limaan nu ngadagoan
giliran téh
Teu kudu dicaritakeun
yén Ali loba duitna, da disarebutna gé tukang cukur beunghar baé. Upama pareng
keur peré, manéhna sok jalan-jalan bari nulak cangkéng jeung luak-lieuk.
Pangrasana jagat téh asa nu manéhna baé.
“Héy, tukang suluh, ka
dieu!” ceuk tukang cukur.
Sanggeus tukang suluh
eureun, tuluy ditanyakeun hargana. “Tilu rupia, teu kénging kirang,” ceuk
tukang suluh.
“Mahal teuing,” ceuk
tukang cukur, “Lamun dibikeun saringgit, kabéh kai anu aya dina tonggong kaldé
ku kuring dibeuli. Geura pikir, batan
capé nawarkeun ka mana-mana, tur sakieu panas poéna, mending gancang aya nu meuli.
Jeung karunya ka indung barudak di imah, apan keur ngadagoan butuh keur
balanja.”
Tukang suluh teu
gancang-gancang ngajawab, lantaran bingung. Ari
dibikeun saringgit, murah teuing. Ari teu dibikeun, da hayang geura
balik. Omongan tukang cukur téh kabéh
keuna ka manéhna. Lila-lila kakara ngomong, pokna, “Tambihan waé satalén deui,
Juragan.”
“Ah, embung. Lamun
dibikeun saringgit, kabéh kai anu aya dina tonggong kaldé dibeuli. Ari teu
dibikeun mah nya kajeun teuing.”
Sanggeus ngahuleng sakeudeung, pok tukang
suluh téh ngomong, “Mangga atuh saringgit ogé, da ieu parantos siang, hayang
geura wangsul.”
“Los ka ditu, ka dapurkeun!”
Pék suluh téh diturunkeun tina tonggong
kaldé, tuluy diakutan ka dapur, ditumpukkeun di juru. Geus kitu tukang suluh
téh tuluy nyampeurkeun tukang cukur, rék ménta duitna.
“Éta séla gé kudu
dikadapurkeun, ongkoh kai kénéh éta séla
gé,” ceuk tukang cukur.
“Apan suluh mah
sadayana ogé parantos dikadapurkeun, Juragan,” ceuk tukang suluh.
“Har, apan tadi dua
kali geus disebutkeun, yén saringgit téh kabéh kai anu aya dina tonggong
kaldé.”
“Teu kasanggakeun séla
mah.”
“Los baé atuh geura
balik. Ari suluh mah, da geus disosi dapurna gé.”
“Nyuhunkeun artosna
atuh.”
“Ka dieukeun heula
séla. Engké dibayar saringgit.”
Tukang suluh kapaksa mikeun séla, najan
kacida keuheuleunana ogé. Geus kitu mah kakara nampa bayaran.
Wantuning di sisi jalan gedé, anu
ngaraliwat loba nu eureun, ngadon ngarogrog anu keur patorong-torong.
“Teu boga di karunya
tukang cukur téh,” ceuk nu saurang. “Pédah ka nu bodo baé, da ka nu pinter mah
moal wanieun.”
“Biasana si éta mah.”
“Padahal loba duitna
mah.”
“Ka Juragan Jaksa
geura, nyuhunkeun tulung!”
“Di mana bumina
Juragan Jaksa téh?” ceuk tukang suluh. Aya saurang jajaka anu daékeun nganteur.
Tuluy éta tukang suluh téh dianteurkeun ka bumina Juragan Jaksa.
Di payuneun Juragan
Jaksa, tukang suluh nyarita satara-basna, naon anu geus kajadian. Sanggeus
tamat caritana, Juragan Jaksa ngahuleng bari gogodeg.
“Hanjakal euy, silaing
mah salah harti. Maksud tukang cukur, kabéh kai anu dina tonggong kaldé nu
ditawar saringgit téh. Ari marukan silaing suluh wungkul, anu matak
dimang-gakeun ku silaing. Cindekna mah silaing nu salah téh, déwék teu bisa
nulungan.”
Tukang suluh ngan bati
handeueul baé. Cong nyembah, jung nangtung. Léos indit bari ngarasa nalangsa.
Suluh geus dijual murah, turug-turug kudu meuli deui séla. Mana atuh keur
balanja?
***
Kacaritakeun raja di
éta nagara, kaceluk ka awun-awun, kawentar ka mana-mana tina kaadilanana,
towéksa ka rahayatna. Anjeunna sok mindeng nyamur, angkat nyalira ka luar kota,
bisi aya abdi-abdi nu dijepit atawa cacah dikaniaya ku ponggawa nagara. Harita
gé anjeunna nuju ngaronda, nganggo dangdosan sudagar. Teu katara meueus-meueus
acan, yén anjeunna téh raja.
Tukang suluh nu tadi
téa keur ngiuhan dina handapeun tangkal asem sisi jalan. Raja nyaketan ka
dinya, saréhing éta jelema katingalieun semu nu susah.
“Ku naon dulur, kawas
aya nu dipikiran?” saur raja.
“Puguh abdi téh aya nu
nipu, juragan,” témbal tukang suluh.
“Nipu kumaha?”
Barabat tukang suluh
téh nyaritakeun akalna tukang cukur, nepi ka manéhna katipu.
“Saha ngaranna tukang
cukur téh?”
“Ali disarebatna mah.”
“Naha lain ka Juragan
Jaksa, nyuhunkeun tulung?”
“Parantos ku abdi
dideuheusan, nanging ku anjeunna abdi téh dilepatkeun.”
“Nurutkeun
undang-undang mah nya sampéan anu salah. Tapi éta tukang cukur téh jelema
jahat, kudu aya hukumanana.”
“Sumuhun leresna mah.
Nanging nya saha atuh nu badé ngahukumna?”
“Aya waé,” saur raja.
“Ayeuna mah sampéan dibéré duit ku kaula, keur meuli séla. Tapi isuk kudu
datang deui ka dieu, isuk-isuk pisan.”
“Ngabantun suluh?”
“Ah, entong mawa
suluh. Tapi kaldé kudu dibawa.”
“Mangga. Nuhun
dipaparin artos.”
Tukang suluh tuluy
balik ka lemburna. Raja ogé lajeng mulih ka karaton.
Kocap isukna, isuk-isuk tukang suluh geus indit deui ka dayeuh. Kaldéna gancang
leumpangna, da teu beurateun ku momot. Sapanjang jalan tukang suluh téh teu
weléh nanya ka dirina sorangan, rék kumaha sudagar téh?
Keukeuh baé manéhna ka
raja nyangka sudagar, lantaran dangdosanana téa kawas sudagar. Teu kungsi lila
geus nepi ka tempat anu kamari. Tukang suluh nyangcangkeun kaldé kana pagér,
bari ngadagoan “sudagar”.
Harita kénéh raja geus
sumping, tetep nganggo dangdosan sudagar, bari nyandak réncang saurang,
dangdananana kuli.
“Éta kaldé,” saur
raja, “Sina ditungtun ku ieu batur kaula. Urang ngawarah nu nipu sampéan téa.
Ali ngaranna téh lin?”
“Sumuhun,” ceuk tukang
suluh, bari tuluy ngalaan cangcangan kaldé, sina ditungtun ku kuli téa.
Éta kuli dititah ti
heula nungtun kaldé ka tempat tukang cukur. Ari raja angkat alon, diiring ku
tukang suluh.
Barang datang ka nu
dijugjug, kuli téh tuluy nyangcang kaldé, geus kitu kakara ngetrok panto, sarta
asup ka tempat Ali, ménta dicukur.
“Naha ménta dicukur ka
dieu? Kapan loba tukang cukur téh. Nu dicukur di dieu mah paraménak jeung nu
baleunghar, lain kuli,” ceuk tukang cukur.
“Ti kapungkur hayang
dicukur di dieu téh, margi Juragan parantos mashur tukang cukur pangpinterna.
Ayeuna kaleresan keur gaduh artos, hayang nyobi dicukur ku nu sakitu mashurna.
Mundut sabaraha ogé, tangtos dibayar ku abdi,” ceuk kuli.
Dipuji kitu mah, Ali
téh pelér.
“Hadé baé hayang nyoba
mah. Mayarna mah biasa we sarupia,” ceuk tukang cukur.
Di tukang cukur anu séjén, mayarna téh ngan satalén. Tacan ngarasa kuli mah
dicukur mayarna sarupia. Tapi da éta mah Ali ngaranna ogé, nu geus sakitu
mashurna. Sanggeus diuk dina korsi, pék kuli téh disabunan, tuluy dicukur.
Ari geus réngsé, kuli
téh nanya, “Kersa upami nyukur sobat abdi?”
“Hadé. Di mana
ayeuna?”
“Itu di luar, ngantosan.”
Kuli ngaluarkeun duit
dua rupia tina sakuna. Dibayarkeun ka tukang cukur, nyaéta bayaran nyukur
manéhna jeung sobatna. Geus kitu tuluy ka luar. Teu kungsi lila geus ngetrok
deui panto, bari nungtun sobatna téa.
Barang pantona geus
muka sarta kaldéna rék asup, Ali kagéteun kacida.
“Naon ituh? Moal enya
kaldé rék dicukur di dieu?” ceuk Ali.
“Ongkoh ieu sobat
kuring téh. Anjeun geus sanggup nyukuran sobat kuring, jeung anjeun henteu
nanyakeun saha-sahana nu disebut sobat ku kuring téh.”
“Jelema mah sobatna
kudu jeung jelema deui, lain kaldé.”
“Kajeun kaldé kajeun
naon, ari bageur ka kuring mah sobat ngaranna. Komo batur mah aya nu nyobat
jeung anjing sagala.”
“Moal! Kuring mah moal
nyukuran kaldé!”
“Sobat kuring kudu
dicukuran ku anjeun!”
“Anu burung anu
nyukuran kaldé mah!”
Sabot kitu, nu nyamur
sudagar téh nepi ka dinya sarta nyampeurkeun ka Ali. Ali ditunjuk irungna bari
disentak.
“Mémang jahat sia téh
Ali! Ieu kaldé ku sia kudu dicukuran!” saur raja.
Ngadéngé kasauran raja
kitu, Ali ngambek.
“Ieu lain perkara
anjeun. Anjeun entong pipilueun!” ceuk Ali.
“Mémang ieu perkara
aing! Hayoh indit ka alun-alun, sia kudu nyukuran kaldé di alun-alun!”
“Saha anu maréntah
kitu?”
“Aing, raja!”
Ali munggah reup
geuneuk ray pias, bawaning reuwas, barang awas yén sidik raja anu nyamur téh.
Turug-turug di pungkureunana aya tukang suluh, nu kamari ditipu ku manéhna.
Manéhna ngartieun, yén
dosana geus kauninga ku raja, sarta henteu meunang henteu kudu aya hukumanana.
Gancang waé manéhna nyokot jajambaran jeung sabun, milihan sikat nu panggedéna,
tuluy indit ka alun-alun, nuturkeun kuli, nuturkeun kaldé. Ari datang ka
alun-alun, pék Ali nyabunan kaldé, sarta maké disimbutan ku lawon bodas sagala,
kawas nyukuran jelema baé.
Harita téh ninggang
pisan kana waktu bubaran sakola. Atuh barudak nu kakara balik ti sakola téh
kabéh ngabring ka alun-alun, tinggorowok ti kajauhan, nyebutkeun aya nu gélo,
nyukuran kaldé, tuluy ngarogrog ka nu keur nyukur, bari saleu-seurian.
“Bérés nyukur kaldé
mah cik domba kuring pangnyu-kurankeun!” ceuk nu saurang.
“Di kuring mah ucing
cukuraneun téh,” ceuk nu saurang deui.
Ali asa teu
beungeutan, bawaning éra jeung ambek, hayang males ka barudak. Tapi teu bisa
kukumaha, da sieun-eun ditambahan hukumanana, wantuning raja geus miwarang
gulang-gulang, nyaksian Ali nyukuran kaldé.
Lain barudak waé,
kolot ogé loba nu datang ka dinya. Beuki lila beuki loba, malah aya tukang
sapatu, tukana ngaput, tukang kaléng, jeung nu séjénna, ngahaja nunda
pagawé-anana da hayang ngabuktikeun béja, majar Ali jadi gélo, tukang cukur nu
kumagungan téa bet ngadon nyukuran kaldé di alun-alun.
Di antara anu lalajo
anu sakitu lobana téh aya anu teu nyahoeun, kumaha asal-usulna nu matak kitu.
Tapi sanggeus tukang suluh nyaritakeun lalakonna ti awal nepi ka ahir, kakara
maranéhna téh leungit héranna sarta muji ka anu jumeneng raja, tina kaadilanana
jeung katowéksaanana.
Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét
Maling Cabé
Isuk-isuk
sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé,
yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani, mangka cabéna geus
bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal gandéng?”
“Moal, nyaan moal gandéng.”
“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”
Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya
téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani
geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor
kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé,
didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun.
Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét
ngagorowok.
“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!”
“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa
Tani.”
Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé.
Gorowok deui baé.
“Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora
Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti
kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong
aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.
“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa
Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang
Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.
“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya
ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk
acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da
teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing
téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku
kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyét rerencepan
ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.
“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang
Monyét nanya.
“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh
keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak
Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang
Monyét ngahuleng sajongjongan.
“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang
tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.
“Tukeur tempat kumaha?”
“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar,
kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya,
sapeupeuting dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak
Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur
tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,”
ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana
kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”
Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun
Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang
Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah
Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago
beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk
Bapa Tani ka pamajikanana.
“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh
kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh
rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus
kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang
Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan
ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy
nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag,
lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk
pamajikanana mairan.
Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé
dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang,
berebet lumpat, kalacat baé naék kana tangkal kai.
SI KABAYAN NGALA ORAY
Dina
hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral
ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék-kemék acan,
sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka beurang, ari
ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.
“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya
kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur
nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”
Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah
meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas
ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun
Si Kabayan téh.
Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan
pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.
“Mitoha! Mitoha!”
“Heuy!”
“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila,
dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”
“Heug! Ulah lila teuing baé.”
“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat,
ari undur kundang iteuk.”
Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu
luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun
bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.
Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu
karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian,
dijungjung-jungjung. “Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan
Si Kabayan.
Si Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus
reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan.
“Moal salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya
mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé.
Aya jelema.”
Rigidig karung roay dipanggul. Édas beurat naker,”
omongna. “didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.
Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina
raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong,
“Euleuh cukul pelak roay urang téh nya, mani sakieu lobana.”
“Hih, tacan kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna
leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun,
manéhna, teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha geringna?”
“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika
ka huma.”
“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri
beuteung.”
“Aéh-aéh, kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay,
bet beurat naker.”
Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil
sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem
digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan
morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat
mundur ka tukang awahing ku kagét.
Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.
“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.
“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku
mitoha téh.”
“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk
mitoha awéwé. Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek,
hayang males.
“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan!
Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk
mitoha awéwé.
“Heug, moal mitoha.”
Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui.
Datang-datang rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui rét deui
ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay.
Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana
gawéna téh.
Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana
téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan.
Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.
“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu
meureun, keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék
digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu,
bluk karung téh digulingkeun. Durugdug digusur.
“Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing,
mitoha sia ulah digusur!”
Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok
dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.
“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!”
Roay! Roay!” Bari terus digusur.
Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana
rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu titeundeut.
“Tah mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah
indit ka cai.
Barang
diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak
raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira
kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé mitoha lalaki teu bisa
hudang-hudang acan.