Rabu, 19 September 2012

KUMPULAN DONGENG BAHASA SUNDA


KUMPULAN DONGENG BAHASA SUNDA

A. Dongeng Mite
Seueur nu nganggap yén carios Ratu Inten Déwata téh mung saukur dongéngan legénda wungkul, margi taya buktos nu pasti atanapi data émpiris nu leres-leres tiasa dipercanten. Sanaos kitu, carios Ratu Inten Déwata masih tetep ngarupikeun dongéng karuhun nu masih dipercanten ayana, utamina ku masarakat Tarogong, Garut, salaku carita sasakala karuhun karajaan Timbanganten.
Taun 50-an pribados kantos ngahaja ngadongkapan ka sababaraha situs nu dianggap patilasan karajaan Timbanganten. Di antawisna lokasi Korobokan, Cipanas, sareng Gunung Putri. Hanjakalna, maksad ngajugjug ka puncak gunung Guntur mah teu laksana, jalaran kaayaan kaamanan waktos harita pikarisieun, ku mahabuna gorombolan.
Waktos ngajugjug ka lokasi Korobokan teu tebih ti kacamatan Tarogong kiwari, taun 50-an mah masih kénéh aya seueur gundukan batu. Katingal pabalatakna gundukan babatuan, sapertos patilasan bangunan lami. Sabudeureunnana seueur kakaian sarupaning tatangkalan arageung, pacampur jeung eurih. Oge aya sababaraha kuburan lami nu teu kapiara, pating solengkrah. Éta lokasi téh aya dina pasir luhur bukit alit. Leumpang ka punclutna téh asa capé da nanjak.
Cenah di éta lokasi téh aya dugaan patilasan karajaan Timbanganten. Nanging upami urang kadinya waktos ayeuna tahun 2008 mah, eta situs teh tos moal katingal deui. Nu aya mah seueur bangunan enggal diantawisna bangunan sakola sareng bumi-bumi mani pasedek-sedek. Teu kapendak deui gundukan-gundukan batu nu kapungkur kungsi diduga patilasan karajaan Timbanganten.
Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka palih wetan sareng kidul, plung plong pikawaaseun. Palih wetan, dihandap teu tebih, katingal atra pamandian Cipanas, rada tebihan wetaneunana muncunguk kacamatan Tarogong. Palih kidul rada tebih, nanging eces katingal bumi-bumi, bangunan, sareng masjid Agung Garut. Pantes, sareng kasawang ieu tempat teh taya sanes dalah situs patilasan kanjeng Ratu Inten Dewata nu kantos ngababakan di ieu tempat.
Karajaan Timbanganten teh sakawitna puseur dayeuhna teh di Korobokan, lajeng ngalih ka Tarogong saparantosna gunung Guntur bitu. Karajaan Timbanganten kalebet nagara madeg mandiri, hartina teu kaereh/kajajah ku nagara deungeun. Tanahna subur makmur gemah ripah lohjinawi, murah sandang murah pangan, rea ketan rea keton. Sepi paling towong rampog teh lain ukur ngan babasan. Rajana katelah Rangga Lawe, hiji raja nu adil palamarta, gede wibawa tur dipikacinta ku rahayatna.
Saleresna nu kedah nyekel kadali pamarentahan teh sanes Rangga Lawe, nanging rakana nu kasebat Ratna Inten Dewata. Hiji istri geulis camperenik, salirana jangkung alit, kulitna koneng. Rambutna hideung meles galing muntang bawana ngajadi. Tapi anjeunna teu hoyongeun nyepeng karajaan, kalah dipasrahkeun ka raina Rangga Lawe, hiji jajaka nu dedeg sampe rupa hade rancingeus, pertentang tur parigel.
Ceuk sakaol, sateucanna Rangga Lawe jeneng raja, nu nyepeng karajaan Timbanganten teh ramana suargi nu jenengan Rangga Raksa Nagara. Ti parameswari Dewi Gandani anjeunna kagungan dua putra. Nu cikal jenengannana Ratna Inten Dewata, ari raina mah Rangga Lawe.
Sawaktos raja sepuh bade ngantunkeun alias tilar dunya, kantos mantenna masihan bewara dina hiji riungan rehna mantenna bade masrahkeun karajaan Timbanganten ka putrana nu cikal nyeta Ratna Inten Dewata, margi kitu aturan buhun karuhunna. Nanging kalayan lantip, Ratna Inten Dewata ngawaler: “Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg hate, upami diparengkeun abdi panjang umur, Ama sareng Ibu parantos teu aya, abdi hoyong nyirnakeun pikir, ngahenang-ngahening nyorangan ngababakan. Cindekna teu hoyong kadali pamarentahan. Kukituna, sanes nampik pangasih Ama, bawiraos sae pasihkeun bae ieu karajaan teh ka pun adi Rangga Lawe. Kalintang pantesna upami pun adi jadi raja, hiji jajaka pertentang, gede wawanen, perceka dina sagala rupa hal. Tah, ku kituna ka rayi Lawe, prak geura tampa amanat jeung kaasih ti Ama jeung ti lanceuk. Geura cekel ieu karajaan Timbanganten”.
Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratna Inten Dewata angkat ka gunung Kutu nu kiwari disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki Rambut Putih, nu bumela ngaping ngajaring sang putri. Mangtaun-taun marantenna ngababakan di hiji tempat nu katelah Babakan Putri. Tempat nu kalintang pikabetaheun. Hawana seger. Komo mun pareng kekembangan nyambuang sarareungit. Manuk-manuk recet disarada. Ngerelekna sora pancuran nu ngocor kana empang matak betah tumaninah.
Hiji mangsa karajaan Timbanganten mayunan cocobi nu kalintang ageungna. Nyeta halodo panjang, dugi ka masyarakat karajaan Timbanganten tigerat kakirangan cai. Aya usulan ti para gegeden karajaan supados ngadamel bendungan cai, sumber caina nyandak atanapi ngabedol babakan Putri nu waktos harita ngarupikeun padepokan Ratna Inten Dewata.
Kalayan teu ngemutkeun kumaha mamanahan sareng pamadegan ingkang raka, Rangga Lawe nyaluyuan pikeun ngabongkar babakan Putri, nu caina engke baris dikocorkeun ka bendungan karajaan Timbanganten. Tempat anu dipikabetah ku Ratna Inten Dewata teh lajeng dibukbak, teras didamel tambak, teu tata pasini heula kanu kagunganana.
Ratna Inten Dewata kalintang benduna. Dadak dumadak langit angkeub nutup buana Timbanganten jeung sabuderna. Kawitna mah rahayat Timbanganten suka bungah. Angot Rangga Lawe mah, dikintenna hujan bakal turun, katurug turug tambak cai tos bade rengse. 
Tapi kasuka jeung kabungah harita keneh sirna, sabab ngadak-ngadak taneuh oyag. Gunung Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gede mimiti karasa. Taneuh inggeung. Gelap pating burinyay. Bumi genjlong asa digunjang ganjing. Gunung Guntur ngabudalkeun batu pating saliwer. Langit asa tungkeb. Pating jelegurna sora gelap dina ponclot gunung Guntur beuki motah. Tatangkalan pating dorokdok raruntuh, pareunggas katebak angin tarik naker.
Geus kitu mah kakara rahayat Timbanganten ngarasa gimir. Bur-ber ka ditu kadieu. Pating jarerit, pating koceak. Rangga Lawe kakara sadar, yen eta kajadian kitu teh mangrupa bebendon ti dewa, dumeh geus wangkelang bedegong ka nu jadi lanceuk. Cul anak pamajikan, Rangga Lawe seja milarian Ratna Inten Dewata, rek mundut dihapunten. Mantenna moal sugema, upama teu amprok heula jeung nu jadi lanceuk.
Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawe tepang jeung Ratna Inten Dewata. Kudupruk bae anjeunna nyuuh kana dampal sampean Ratna Inten Dewata, sabari nyarios dumareuda: ”Duh, Mbok, hapunten jisim kuring rumaos lepat. Ieu teh bebendon Hyang Widi ka jisim kuring, nu bedang wangkelang ka salira Mbok”.
Satutasna Ratna Inten Dewata ngahampura kana kalepatan Rangga Lawe, ngadak-ngadak lini teh eureun. Gunung Guntur teu ngutahkeun deui leutak panas. Batu gede, batu leutik geus taya nu pating belewer deui. Langit ngadak-ngadak lenglang, angin leler. Ciri Dewata nyakseni kana kabersihan hate Ratna Inten Dewata. Ceuk sakaol, Ratna Inten Dewata sareng Ki Rambut Putih lajeng arangkat ka palih wetan nu dituju nyeta gunung Talagabodas ayeuna, duanana maksad neraskeun ngasakeun tatapana. Sarta didinya pisan marantenna tarilem.
Ari Rangga Lawe mah, angkat ka hiji tempat nu seueur kokocoran cai. Rangga Lawe nya ngababakan deui. Lila-lila eta babakan teh beuki rame batan Korobokan kapungkur. Nepi ka kiwari babakan enggal teh katelah Tarogong. Korobokan nu kapungkur kantos janten pusat dayeuh Timbanganten, janten leuweung da teu dipirosea deui.Tapi ari ngaranna mah masih keneh tug nepi ka ayeuna.
Mitutur catur kapungkur, Rangga Lawe nu dijenengkeun raja deui ku rahayat Tarogong, sabada bumen-bumen di dinya, tilem teu ngantunkeun tapak. Cipanas ayeuna jadi pamungpungan ti mana mendi, mangrupa wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan, atawa ngadon tatamba pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya kitu deui Tarogong ayeuna leuwih rame batan kampung Korobokan. Padahal samemehna mah Korobokan teh puseur dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi ayeuna mah ukur ngaran kampung. Tarogong mah beuki lila beuki rame. Garut katelah jadi Kota Inten.


B. Dongeng sasakala 
Di Jawa Barat tepatnya di Kabupaten Bandung terdapat sebuah tempat rekreasi yang sangat indah yaitu Gunung Tangkuban Perahu. Tangkuban Perahu artinya adalah perahu yang terbalik. Diberi nama seperti karena bentuknya memang menyerupai perahu yang terbalik. Konon menurut cerita rakyat parahyangan gunung itu memang merupakan perahu yang terbalik. Berikut ini ceritanya.
Beribu-ribu tahun yang lalu, tanah Parahyangan dipimpin oleh seorang raja dan seorang ratu yang hanya mempunyai seorang putri. Putri itu bernama Dayang Sumbi. Dia sangat cantik dan cerdas, sayangnya dia sangat manja. Pada suatu hari saat sedang menenun di beranda istana, Dayang Sumbi merasa lemas dan pusing. Dia menjatuhkan pintalan benangnya ke lantai berkali-kali. Saat pintalannya jatuh untuk kesekian kalinya Dayang Sumbi menjadi marah lalu bersumpah, dia akan menikahi siapapun yang mau mengambilkan pintalannya itu. Tepat setelah kata-kata sumpah itu diucapkan, datang seekor anjing sakti yang bernama Tumang dan menyerahkan pintalan itu ke tangan Dayang Sumbi. Maka mau tak mau, sesuai dengan sumpahnya, Dayang Sumbi harus menikahi Anjing tersebut.
Dayang Sumbi dan Tumang hidup berbahagia hingga mereka dikaruniai seorang anak yang berupa anak manusia tapi memiliki kekuatan sakti seperti ayahnya. Anak ini diberi nama Sangkuriang. Dalam masa pertumbuhannya, Sangkuring se lalu ditemani bermain oleh seekor anjing yang bernama Tumang yang dia ketahui hanya sebagai anjing yang setia, bukan sebagai ayahnya. Sangkuriang tumbuh menjadi seorang pemuda yang tampan dan gagah perkasa.
Pada suatu hari Dayang Sumbi menyuruh anaknya pergi bersama anjingnya untuk berburu rusa untuk keperluan suatu pesta. Setelah beberapa lama mencari tanpa hasil, Sangkuriang merasa putus asa, tapi dia tidak ingin mengecewakan ibunya. Maka dengan sangat terpaksa dia mengambil sebatang panah dan mengarahkannya pada Tumang. Setibanya di rumah dia menyerahkan daging Tumang pada ibunya. dayanng Sumbi yang mengira daging itu adalah daging rusa, merasa gembira atas keberhasilan anaknya. Segera setelah pesta usai Dayang Sumbi teringat pada Tumang dan bertanya pada pada anaknya dimana Tumang berada. Pada mulanya Sangkuriang merasa takut, tapa akhirnya dia mengatakan apa yang telah terjadi pada ibunya.Dayang Sumbi menjadi sangat murka, dalam kemarahannya dia memukul Sangkuriang hingga pingsan tepat di keningnya. Atas perbuatannya itu Dayang Sumbi diusir keluar dari kerajaan oleh ayahnya. Untungnya Sangkuriang sadar kembali tapi pukulan ibunya meninggalkan bekas luka yang sangat lebar di keningnya.Setelah dewasa, Sangkuriang pun pergi mengembara untuk mengetahui keadaan dunia luar.
Beberapa tahun kemudian, Sangkuriang bertemu dengan seorang wanita yang sangat cantik. Segera saja dia jatuh cinta pada wanita tersebut. Wanita itu adalah ibunya sendiri, tapi mereka tidak saling mengenali satu sama lainnya. Sangkuriang melamarnya, Dayang Sumbi pun menerima dengan senang hati. Sehari sebelum hari pernikahan, saat sedang mengelus rambut tunangannya, Dayang Sumbi melihat bekas luka yang lebar di dahi Sangkuriang, akhirnya dia menyadari bahwa dia hampir menikahi putranya sendiri. Mengetahui hal tersebut Dayang Sumbi berusaha menggagalkan pernikahannya. Setelah berpikir keras dia akhirnya memutuskan untuk mengajukan syarat perkawinan yang tak mungkin dikabulkan oleh Sangkuriang. Syaratnya adalah: Sangkuriang harus membuat sebuah bendungan yang bisa menutupi seluruh bukit lalu membuat sebuah perahu untuk menyusuri bendungan tersebut. Semua itu harus sudah selesai sebelum fajar menyingsing. Sangkuriang mulai bekerja. Cintanya yang begitu besar pada Sangkuriang memberinya suatu kekuatan aneh. Tak lupa dia juga menggunakan kekuatan yang dia dapat dari ayahnya untuk memanggil jin-jin dan membantunya. Dengan lumpur dan tanah mereka membendung air dari sungai dan mata air. Beberapa saat sebelum fajar, Sangkuriang menebang sebatang pohon besar untuk membuat sebuah perahu. Ketika Dayang Sumbi melihat bahwa Sangkuriang hampir menyelesaikan pekerjaannya, dia berdoa pada dewa-dewa untuk merintangi pekerjaan anaknya dan mempercepat datangnya pagi.
Ayam jantan berkokok, matahari terbit lebih cepat dari biasanya dan Sangkuriang menyadari bahwa dia telah ditipu. Dengan sangat marah dia mengutuk Dayang Sumbi dan menendang perahu buatannya yang hampir jadi ke tengah hutan. Perahu itu berada disana dalam keadaan terbalik, dan membentuk Gunung Tangkuban Perahu(perahu yang menelungkub). Tidak jauh dari tempat itu terdapat tunggul pohon sisa dari tebangan Sangkuriang, sekarang kita mengenalnya sebagai Bukit Tunggul. Bendungan yang dibuat Sangkuriang menyebabkan seluruh bukit dipenuhi air dan membentuk sebuah danau dimana Sangkuriang dan Dayang Sumbi menenggelamkan diri dan tidak terdengar lagi kabarnya hingga kini. 
Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh. Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.” Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.
Kacaritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna.
Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati tinekanan. Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki. Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok sasauran anca pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha kabingung hidep. Éyang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina kahariwangna. Éta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra dalem anu dijieun tina emas. Poma hidep ulah deuk ngorétkeun. Tah, sakitu baé ti Éyang.”
Sabada sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan Kangjeng Bupati. Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta teras nyandak keris pusaka.
Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Gedé. Rurusuhan da sieun bitu mantén. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep. Bring baé naluturkeun.
Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun téh ngan bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng Bupati. Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh. Ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun. Sakabéh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh.
Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan dareuda, bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun balai, bingah lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.
Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun, malah mun pareng poé peré mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna

C. Dongeng Fabel
Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal gandéng?”
“Moal, nyaan moal gandéng.”
“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”
Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.
“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!”
“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”
Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.
“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.
“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.
“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.
“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.
“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.
“Tukeur tempat kumaha?”
“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”
Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.
“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana tangkal kai.

Sanggeus durukan téh pareum, Sakadang Kuya kurah-koréh. Manggih tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang téh dicokot, tuluy diberesihan.
“Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk Sakadang Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina ditroktrokan baé ku Sakadang Caladi.”
Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa.
“Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk Sakadang Kuya.
“Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.
“Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!”
Tulang téh ditroktorak ku caladi.
“Nuhun Lo!” ceuk Sakadang Kuya.
Tuluy suling téh ditiup ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi.
“Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula,” ceuk Sakadang Kuya. Ras manéhna inget ka Sakadang Bangbara.
Sakadang Kuya néangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal anu keur ngarangrangan.
“Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!” ceuk Sakadang Kuya.
“Tulungan naon, Wa?” ceuk Sakadang Bangbara.
“Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.”
Tuluy atuh suling téh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka Sakadang Bangbara, suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara.
“Ah, can ngeunaheun kénéh baé. Jigana mah kudu dipasieup heula,” ceuk Sakadang Kuya.
Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.
“Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki,” ceuk Sakadang Kuya.
“Aya naon, Ki? Meni rareuwas,” ceuk Sakadang Sireupeun.
“Ieu Aki téh boga suling, tapi masih kénéh silung. Cing, pangmasieupkeun sakeudeung mah.”
Tuluy atuh suling téh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah masieup suling téh henteu gampang. Tapi teu burung anggeus ogé.
“Nuhun Jang.”
“Sami-sami, Ki.”
Tuluy atuh suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.
“Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling téh. Nuhun ah, Jang,” ceuk Sakadang Kuya bari indit.
Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-sato ogé anu biasana garandéng, jep baé jarempé, ngadédéngékeun sora suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanéa.

Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.”
Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!”
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.”
Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.



SAKADANG Kuya kacida hanjelueunana, lantaran sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Taya peta bisa kapimilik deui. Tuluy leumpang ngadédod, karepna rék balik ka pamatuhanana di sisi walungan.
Barang anjog ka sisi walungan, gok panggih jeung Sakadang Keuyeup.
“Ku naon Sakadang Kuya, bet jiga anu sedih kitu?” Sakadang Keuyeup nanya.
“Nyaéta, uing téh keur meunang kasusah,” ceuk Sakadang Kuya.
“Kasusah naon?”
Barabat atuh Sakadang Kuya nyaritakeun lalampahanana, ti mimiti panggih jeung maung, boga suling tina tulang maung, nepi ka sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét.
“Emh, nyaan taya rasrasan pisan Sakadang Monyét mah,” ceuk Sakadang Keuyeup, “Jigana mah kudu diwarah.”
“Enya, ngan kumaha carana?”
“Keun éta mah bagéan uing. Ayeuna mah anteur baé uing ka tempat Sakadang Monyét!”
“Sukur atuh ari Sakadang Keuyeup bisa nulungan mah.”
“Tapi, henteu haratis. Lamun suling beunang deui, rék méré naon Sakadang Kuya ka uing?”
“Naon atuh, nya?”
“Kieu wé atuh, nya, uing téh geus lila hayang boga munding. Tah, kumaha lamun buruhna ku munding baé?” ceuk Sakadang Keuyeup.
“Jadi lah, ari munding mah uing gé boga sarakit. Pék nu jalu mah keur Sakadang Keuyeup, asal suling beunang deui.”
“Heug ari kitu mah, kuring daék nulungan Sakadang Kuya.”
Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup indit ngadatangan Sakadang Monyét. Kasampak Sakadang Monyét keur nyuling dina dahan kai pangluhurna.
“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling téh!” ceuk Sakadang Kuya.
“Ceuk uing ogé bawa ku sorangan ka dieu! Naék mun bisa mah!” témbal Sakadang Monyét bari ngarenyohan.
“Pokona lamun teu dibikeun deui, rasakeun siah!” ceuk Sakadang Kuya.
Ngadéngé omong Sakadang Kuya kitu téh, Sakadang Monyét kalah nyeungseurikeun.
Waktu  Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét paréa-réa omong, Sakadang Keuyeup naék kana tangkal kai, ngadeukeutan ka Sakadang Monyét. Beuki  deukeut, beuki deukeut baé. Terus Sakadang Keuyeup cicing palebah buntut Sakadang Monyét anu nyampay dina dahan.
“Rék  dibikeun moal?” ceuk Sakadang Kuya.
“Moal!”  témbal  Sakadang Monyét.
Bérés  ngomong, ana gep téh buntut Sakadang Monyét dicapit satakerna ku Sakadang Keuyeup. Sakadang Monyét  kacida reuwaseunana jeung nyerieun deuih.
“Oaduh,  oaduuuh, oahahaha,” Sakadang  Monyét gogorowokan, lantaran buntutna karasa nyeri dicapit ku Sakadang Keuyeup nepi ka buntung. Ari sulingna téa ragrag, tuluy disanggap ku Sakadang Kuya.
Sanggeus  sulingna beunang, Sakadang Kuya muruhan munding ka Sakadang   Keuyeup. Munding jalu. Bari hahariringan, Sakadang Keuyeup balik kana liangna di sisi walungan bari nungtun munding. Ngan barang asup kana liang, awakna katincak ku munding. Anu matak, cenah, nepi ka ayeuna dina tonggong keuyeup aya anu dekok siga tapak suku munding.
Ari Sakadang Monyét  mah terus kabur. Malah teu datang-datang  deui ka dinya.  Jigana mah éraeun, lantaran   buntutna  buntung dicapit ku keuyeup téa. Malah  mah cenah turunanana ogé areuweuh buntutan. Disebut  baé “oa”, lantaran lamun keur karasa nyeri sok humarurung, “Oahahaha, oahahaha.” Nepi  ka lila-lila mah sorana ogé kitu deuih.








SORA suling téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét.
“Alah, aya ku ngeunah éta sora suling. Saha anu niupna nya?” gerentes Sakadang Monyét.
Sakadang Monyét gagancangan néangan lebah datangna sora. Ari bréh, gebeg, sihoréng Sakadang Kuya anu niup suling téh. Jorojoy aya niat hayang ngarebut éta suling.
Sanggeus ngahuleng sakedapan, tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya! Sakadang Kuya!”
Sakadang Kuya teu eureun niup sulingna. Lain teu nyahoeun aya Sakadang Monyét, ngan api-api teu nyaho wé
“Sakadang Kuya, meni alus suling téh. Sorana gé meni genah kadéngéna,” ceuk Sakadang Monyét.Sakadang Kuya teu ngawaro.
“Cik ah, nginjeum sakeudeung wé.”
Sakadang Kuya eureun niup sulingna. Pok ngomong, “Nginjeum? Ih, ulah. Ieu mah lain suling samanéa, dijieunna ogé tina tulang maung.”
“Sakeudeung wé atuh.”
“Ulah, ah, bisi dibawa kabur!”
“Maenya teu percaya ka uing, apan urang téh lain wawuh anyar-anyar.”
“Anu  matak teu dibikeun ogé kitu, sabab uing apal ka Sakadang Monyét téh. Apal  luar-jerona, lah.”
Sakadang  Monyét ngahuleng sakedapan.
“Kieu wé atuh, salila uing niup suling, pék tah gégél buntut uing,” ceuk Sakadang Monyét bari ngasongkeun buntutna.
“Heug atuh ari kitu mah,” ceuk Sakadang Kuya bari mikeun suling ka Sakadang Monyét.
Sakadang Monyét diuk dina dahan anu handap, ari Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét.
Sakadang  Monyét niup suling.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong,
 torotot héong.
“Sakadang Kuya, ulah lebah dinya ngégélna, di dinya mah urut borok. Cik handapan saeutik!”ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya ngégélna pindah ka béh handap.“Ih, di dinya mah nyeri, apan urut raheut téa.”
Sakadang Kuya pindah deui ngégélna rada ka handap.
“Éta-éta, di dinya gé ulah, bisi teu nyaho mah lebah dinya téh bagéan permatina!”
Kitu jeung kitu baé. Antukna Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét téh ditungtungna pisan.
“Tah, di dinya wé!” ceuk Sakadang Monyét bari ngajleng. Atuh puguh wé, Sakadang Kuya téh lésot ngégélna. Sakadang Monyét tuluy nérékél kana dahan anu pangluhurna. Gék diuk di dinya. Tuluy niup sulingna.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.
“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling uing!” ceuk Sakadang Kuya.
“Cokot ka dieu ari hayang mah!” témbal Sakadang Monyét, terus niup suling.
Sakadang Kuya ukur bisa olohok. Rék naék, teu bisa.













DINA hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.
Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.
“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.
“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.
“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”
“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah  uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”
“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.
“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”
“Ari suluhna ti mana?”
“Ngala ka leuweung!”
“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang Maung.
“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!” témbal Sakadang Kuya.
“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.
Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.
Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.
“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.
“Kuk!”
“Can paéh?”
“Encan, seuneuna kurang gedé.”Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Can paéh kénéh?”
“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.
Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang Kuya!”Sakadang Kuya teu némbalan.
“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”
Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.
“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.
“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang Kuya kalem.
“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”
Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”
“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!”
“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga  kulit bodas téh, bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”
“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.
“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.
“Diduruk? Moal panas kitu?”
“Moal. Apan uing ogé  henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya. “Lamun  arék, jung atuh néangan suluhna heula!”
Teu loba  tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.
“Pék  ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.
Sakadang  Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut  atuh suluh diseungeut. Jegur  baé hurung, tangka ngabebela.
“Sakadang Maung!”
“Heuy!”
“Hirup kénéh?”
“Hirup, euy, ngan panas geuning!”
“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”
Suluhna ditambahan  deui. Geus sawatara  lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang  Maung, hirup kénéh?”
“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.
Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh?”
“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.
Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”
Sakadang Maung teu némbalan.
“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.
Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sira h jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.
“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.

 

 

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET MELAK CAU

 

ANU pundung téh henteu lila. Ngan sapeuting. Isukna, isuk-isuk Sakadang Monyét geus datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Keur naon?”
“Ah, biasa wé keur moyan,” témbal Sakadang Kuya anu keur cinutrung dina batu. “Ari tadi peuting saré di mana Sakadang Monyét  téh?” Sakadang Kuya malik nanya.
“Di ditu, di deukeut kebon Pa Tani.”
“Baruk? Naha Ujang teu sieun ku Pa Tani?”
“Ah, henteu, da Pa Tanina ogé areuweuh. Imahna gé katénjona karosong. Jigana mah keur arindit jauh.”
“Kadé ah, sing ati-ati mun papanggih Pa Tani. Pa Tani téh manusa. Manusa téa hararak jeung sagala beuki deuih!”
“Sing percaya wé atuh ka uing!”
Jempé sajongjongan. Pok Sakadang Monyét nyarita deui.
“Lain, Sakadang Kuya, uing téh kabita ku Pa Tani.”
“Kabita kumaha?”
“Kabita ku cara hirupna, meni asa garenah. Geura baé, mun hayang barangdahar, teu kudu kukurilingan heula néangan dahareun cara urang. Béas kari nutu. Atuh deungeunna kari ngala di kebon. Geus  puguh sabangsa lalab mah. Asal  daék ngalana. Kabéh  aya di kebonna.”
“Atuh kudu daék ngebon Jang, mun hayang kitu mah.”
“Enya, kumaha lamun ayeuna urang ngebon nurutan Pa Tani? Meureun mun hayang baranghakan téh teu kudu kukurilingan heula cara ayeuna. Kari ngala wé di kebon.”
“Alus tah, Jang, pikiran téh. Ngan melak naon nya anu pantes keur urang?”
“Ku lantaran uing mah karesep téh cau, kumaha upama melak tangkal cau?”
“Hih, da uing ogé resep kana cau mah!”Duanana sapogodos rék melak cau. 
“Tapi di mana melakna?” Sakadang Monyét nanya.
“Ah, di dinya wé tah, di hilir, di sisi leuwi. Di dinya aya tanah kosong, meujeuhna mun ku urang dikebonan téh. Tanahna ogé alus di dinya,” témbal Sakadang Kuya.
“Naha lain di girang wé atuh, deukeut ka basisir?”
“Di dinya mah tanahna kurang hadé, geus campur jeung keusik.”
Sapuk baé rék ngebon cau di tanah kosong sisi leuwi.
Ari binihna rék ngala di kebon Pa Tani. Kabeneran Pa Tanina keur euweuh. Malah dina ayana ogé, moal ambek sugan ari dipénta binih cau mah. Asal ulah diala cauna wé, komo anu geus asak dina tangkal mah.Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét indit ka kebon Pa Tani. 
“Ari Sakadang Kuya rék melak naonana?” Jang Onyé nanya.
“Uing mah rék melak  anakna wé.”
“Har, atuh lila kana buahanana ari melak anakna mah.”
“Éh, da kitu biasana, ari melak cau mah kudu anakna.”
“Ah, teu kitu! Uing mah rék melak jantungna wé,” ceuk Sakadang Monyét.
“Naha?”
“Ari Sakadang Kuya, bodo téh dibéakkeun ku sorangan. Yeuh, ari cau téh asalna tina jantung. Anu matak uing mah arék melak  jantungna, ambéh téréh kaala buahna,” ceuk Sakadang Monyét bari semu ngécé ka Sakadang Kuya.
“Ah, uing mah rék nurutkeun tali paranti wé, melak  anakna, anak cau.”
“Heug atuh, Sakadang Kuya melak  anakna, uing melak jantungna. Ayeuna mah urang paheula-heula buahan! Pasti pelak  uing anu  pangheulana buahan mah!” ceuk Sakadang Monyét, yakin pisan.
Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau di tanah nu di sisi leuwi téa. Sakadang Kuya melak  anakna, anak cau, ari Sakadang Monyét  melak  jantungna.
Saminggu ti harita, pelak cau téh ditaréang.
“Sakadang Kuya, pelak cau téh geus kumaha?” Sakadang Monyét nanya.
“Karak lilir  nu  uing mah. Ari nu Sakadang  Monyét geus kumaha?”
“Geus beukah, sakeudeung deui ogé geura, bijil buahna,” ceuk Sakadang  Monyét, bungah naker.Saminggu deui ti harita, maranéhna naréang deui pelak cauna.
“Sakadang Kuya, pelak cau téh ayeuna geus kumaha?” ceuk Sakadang Monyét.
“Anu uing mah geus bijil pucuk. Ari nu Sakadang Monyét kumaha?”
“Pelak  uing mah atung-atung énéh aé,” témbal Sakadang  Monyét ngabéléhém. Maksudna mah jantung-jantung  kénéh baé.Selang saminggu, pelak cau téh ditaréang deui.
“Ayeuna geus kumaha pelak cau téh,” Sakadang Monyét nanya.
“Tuh, geus bijil pucuk tilu. Ari nu Sakadang Monyét?”
“Atung-atung énéh aé.”
Beuki lila, pelak cau Sakadang Kuya beuki ngagedéan, malah morontod jadina ogé, kawantu tanahna subur. Ari pelak jantung Sakadang Monyét mah, tibatan jadi  kalah ka buruk. Nampuyak  digembrong laleur. 
“Ning alah uyuk sia mah!” ceuk Sakadang Monyét bari nalapung pelak jantungna. Sakadang Kuya ukur mésem nénjo  kalakuan Sakadang Monyét kitu téh. Na jero haténa mah nyeungseurikeun, bari ngagerentes, “Dasar kokolot begog! Henteu  umum atuh melak cau jantungna mah!”
Ahirna di dinya téh ngan aya pelak cau anu Sakadang Kuya. Geus kitu mah diarantep wé, teu ditéang-téang deui. Engké cenah lamun kira-kira buahna geus arasak, rék ditéang deui bari sakalian diala.




















PEUTINGNA dua sobat anyar téh sararé di sisi leuwi, dina tangkal kiara. Sakadang Monyét saré dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya saré dina sela-sela akar kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol méméh saré. Atawa bisa silihgeuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana saré tibra. 
Tengah peuting, Sakadang Monyét nyaring. Tuluy ngageroan Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!”
“Aya naon Sakadang Monyét?”
“Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut.”
“Di mana?”
“Di tengah leuweung. Tapi dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna ogé.”
“Keun  isukan urang téang. Ayeuna mah urang saré deui wé da peuting kénéh!” ceuk Sakadang Kuya.
Ngadéngé  jawaban kitu, Sakadang Monyét saré deui. Meni dug-ker. Ari Sakadang Kuya mah rada hésékana  saré deuina téh. Keur  kitu, kadéngé Jang Onyé ngalindur. Cenah, “Ah, isukan mah rék ngala nangka. Diala  ku sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun naék. Didahar kabéh ku sorangan, Sakadang Kuya mah ku uing moal dibéré.”
Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan Sakadang  Monyét. Tuluy  néangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang Monyét. Sanajan lila ulengna, tapi teu burung kapanggih ogé. Geus kitu mah, reup baé Sakadang Kuya téh saré deui.
Isuk-isuk, wanci carangcang tihang, Sakadang Monyét geus hudang. Jrut turun tina dahan tempat saréna. Tuluy baé ngaguyah-guyah ngahudangkeun Sakadang Kuya.
“Yeuh, Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang néang nangka téa!” ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong, “Ké atuh Sakadang Monyét, ayeuna mah isuk kénéh!”
“Ih, engké mah bisi kaburu diala ku batur!”
“Apal henteu jalanna?”
“Ih, puguh wé, da dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna.”
“Hayu atuh!”
Bring éta dua sobat anyar téh indit ka jero leuweung. Inditna  teu bisa gancang, sabab Sakadang Kuya mah leumpangna boyot. Kira-kira wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu dituju. Enya  wé, henteu salah impian Sakadang Monyét téh. Di dinya aya tangkal nangka sagedé beuteung munding. Buahna leubeut tinggarayot dina dahan-dahanna. 
“Sok-sok atuh geura naék, ulah ngahuhuleng baé!” ceuk Sakadang Kuya ka Sakadang Monyét.
“Ké heula, gampang naék mah. Ngan uing téh teu nyaho, kumaha carana ngabédakeun nangka anu geus asak jeung nangka anu atah kénéh,” ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya seuri leutik ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Asa manggih jalan pikeun metakeun akalna,  anu meunang mikiran tadi peuting. “Gampang  atuh ngabédakeunana mah. Ditepakan wé. Lamun sorana plék-plék-plék, tandana éta nangka geus asak. Lamun sorana pluk-pluk-pluk, hartina atah kénéh,” ceuk  Sakadang Kuya.
Henteu  talangké deui, térékél  Sakadang  Monyét naék kana tangkal nangka. Gugurayangan. Ceuk pikirna, “Si Kuya mah rék dibéré anu aratah baé, ari anu arasakna keur  uing, rék didahar di luhur ku sorangan.” Terus  nepakan nangka anu ngagarayot. Anu  sorana plek-plek-plek dirawatan ku manéhna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari ngajorowok, “Tah, Uya, méré nangka. Pék wé dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, naék ka dieu!” cenah.
Sakadang Monyét tuluy ngagorogotan nangka dina luhur tangkal. Leungeunna, sungutna, malah sukuna ogé pinuh ku geutah. Ari sababna, nangka anu didaharna téh nangka atah. Sakadang Monyét teu nyahoeun, saenyana nangka asak mah lamun ditepakan téh sorana ngagepluk, lain ngageplék.
“Aha euning Huya, angkra téh atrah,” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna teu béntés,  lantaran biwirna rapet ku geutah nangka. Sakadang Kuya teu némbalan.
Ari rét Sakadang Monyét ningali ka handap, katémbong Sakadang Kuya keur ngalimed baé ngadaharan nangka  asak. Karonéng  jeung seungit deuih. Malah  nangka téh ampir béak, tinggal jaramina jeung sikina anu balatak di sabudeureunana.
Sakadang Monyét kacida kagétna. Geus teg baé  boga rasa yén manéhna geus kabelejog ku Sakadang Kuya. Buru-buru manéhna tuturubun nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. 
“Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar ku sorangan,” ceuk Sakadang Monyét.
“Apan ieu ogé paméré ti Sakadang Monyét, da uing mah teu bisa naék,” témbal Sakadang Kuya.
“Cing  atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar ku uing mah nangka atah!”
“Tah, aya sanyamplung deui!” ceuk Sakadang Kuya.
Nangka anu sanyamplung téh dicokot ku Sakadang Monyét, tuluy didahar. Enya wé ngeunah, amis kareueut. Sakadang  Monyét gantung teureuyeun. Ménta  deui ka Sakadang Kuya, puguh da geus béak. 
“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sohib baé!” ceuk Sakadang Monyét bari jamedud. Tuluy lumpat, térékél  naék kana tatangkalan, indit ninggalkeun Sakadang Kuya. Sakadang  Monyét téh pundung tayohna mah.
Sanggeus kitu mah, Sakadang Kuya ogé balik deui ka tempat asalna. Leumpangna  beuki ngadédod baé, lantaran beuteungna seubeuh teuing ku nangka.




SAKADANG Monyét beuki ambek baé ka Sakadang Kuya. Sanggeus reureuh sakeudeung, terus baé indit. Maksudna rék néangan Sakadang Kuya. Ceuk pikirna, Sakadang Kuya téh geus kaleuleuwihi. “Teu bisa diantep, enya-enya kudu diwarah ayeuna mah! Rasakeun siah Kuya, ku aing disasaak!” Sakadang Monyét ngomong sorangan.
Ditéangan ka ditu ka dieu, weléh teu kapanggih. Handapeun batu paranti nyumputna dirojokan ku awi, teu embol-embol. Na ka mana atuh Sakadang Kuya téh? Sakadang Monyét ampir putus asa. Terus leumpang ka jero leuweung. Sugan aya di leuweung keur néangan hakaneun.
Enya baé, Sakadang Kuya keur diuk mendeko handapeun tangkal nangka.
“Tah, kapanggih ayeuna mah mangkeluk anu julig téh,” ceuk Sakadang Monyét. “Hayoh siah rék lumpat ka mana? Beunang ayeuna mah!”
“Ssst, ulah geruh! Na teu nyaho uing téh keur nungguan goong Batara Guru?” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna laun.
“Naon? Goong Batara Guru?” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna angger bedas.
“Ssst, ceuk uing gé ulah geruh! Daék anjeun kabendon ku Batara Guru?” ceuk Sakadang Kuya deui.
“Mana goong Batara Guru téh?” ceuk Sakadang Monyét. Ayeuna mah ngomongna halon.
“Tuh, ténjo atuh di luhur!” ceuk Sakadang Kuya bari nunjuk kana sayang odéng, ampir sagedé nangka bakating ku gedé.
Sakadang  Monyét teu ngomong. Gék diuk gigireun Sakadang Kuya bari panonna anteng neuteup goong Batara Guru.
“Sakadang Kuya, meunang henteu mun uing ngajaran nakol goong?” ceuk Sakadang Monyét.
“His, ulah atuh! Uing mah sieun kabendon ku Batara Guru. Tong boroning nakol,  ngadeukeutan ogé uing mah teu wani!” témbal Sakadang Kuya.
“Sakali wé Sakadang Kuya!”
“Teu bisa!”
“Lalaunan ieu mah nakolna ogé, hayang ngadéngé sorana!”
“Rék lalaunan rék tarik, pokona mah teu bisa! Sabab uing diwanti-wanti pisan kudu enya-enya ngajaga ieu goong.
“Jadi, hampura wé Sakadang Monyét.”
Tapi Sakadang Monyét keukeuh maksa.
“Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat baé,” ceuk Sakadang Monyét semu ngageuri.
Ahirna Sakadang Kuya nyarita, “Nya ari hayang-hayang teuing mah, sok baé atuh. Ieu mah pédah ka sobat wé, mun ka batur mah moal diidinan, sanajan sakumaha maksana ogé. Tapi saméméhna uing kudu ingkah heula ti dieu. Ari sababna, uing sieun dicarékan ku Batara Guru. Sieun disupata. Ké lamun uing geus jauh ti dieu, pék baé takol.
Sakadang Monyét kacida atohna ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu téh. Ari Sakadang Kuya mah terus baé ngaléos. Ngadédod indit ka leuwi.
Sanggeus Sakadang Kuya jauh, térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal nangka bari mawa pangpung. Gék diuk dina dahan handapeun sayang odéng téa.
“Cing ah urang takol goong Batara Guru téh,” ceuk Sakadang Monyét. Tuluy ditakol lalaunan ku pangpung.Keplok, nguuungngng.
“Alah, ngeunah sorana ogé, meni bangbaraan,” ceuk Sakadang Monyét bari seuri. “Sakali deui ah!”Keplok, nguuungngng.
Sakadang Monyét tangka ngalenggak-lenggak baé bakating ku nimat ngadéngékeun sora goong Batara Guru.Keplok, nguuungngng.
“Cacakan ditakolna lalaunan, sorana geus agem kitu. Komo lamun tarik meureun, pasti sorana handaruan,” ceuk Sakadang Monyét dina jero haténa.
Sakadang Monyét ngawahan. Belatak sayang odéng anu disangka goong Batara Guru téh ditakol sataker tanaga nepi ka bencar. Odéngna kalaluar, kabéh napuk ka Sakadang Monyét. Nyareureud. Sakang Monyét tuturubun tina tangkal nangka, terus lumpat bari jéjéréwétan.
“Tuluuung! Alah ieung, tulung. tuluuungngng!” Awakna béak diseureud ku odéng. Lumpat ka mana baé ogé, terus diudag-udag ku odéng anu kacida lobana. Gebrus waé atuh manéhna ngagejeburkeun manéh ka leuwi. Terus teuleum bari nahan kanyeri. Awakna, sirahna, leungeunna, sukuna, irungna, ceulina … ah, kabéh euweuh nu kaliwat, barareuh diseureud ku odéng.
Sanggeus rada lila aya di leuwi, odéngna geus euweuh, Sakadang Monyét kakara wani hanjat. Tuluy cinutrung dina batu. Kabulusan. Haténa mah kacida ambekna ka Sakadang Kuya.
“Nyaan, Sakadang Kuya mah teu beunang dipisobat! Geus ti ayeuna mah aing moal daék deui sosobatan jeung Si Kuya téh. Dasar kuya kolot ku manéh!” ceuk Sakadang Monyét ngomong sorangan, nyarékan bébéakan ka Sakadang Kuya.
Ti harita Sakadang Monyét tara datang-datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Tapi ari cicingna mah angger baé di dinya, henteu ingkah ti leuweung sisi muara. Ari haténa mah angger baé ngunek-ngunek, hayang males kanyeri ka Sakadang Kuya.

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

TUKANG CUKUR PANIPUAN

 

Aya hiji jelema imah-imah di sisi leuweung. Unggal poé sok ngala suluh, tuluy dijual ka dayeuh. Teu daékeun ngajual suluh di pasar anu deukeut, da payuna tara mahal kawas di dayeuh. Jadi najan jauh ogé, manéhna sok pulang-anting ka dayeuh. Biasana inditna sok subuh-subuh, datangna deui ka imah geus beurang pisan. Geus barangdahar indit deui ka leuweung, datangna deui geus burit.
Kacaritakeun manéhna téh meuli kaldé. Sawatara poé henteu ka dayeuh, ngumpulkeun heula suluhna, supaya rada loba.
Barang suluhna geus loba, tuluy dimuatkeun kana tonggong kaldé. Isuk-isuk manéhna indit ka dayeuh. Datang ka dayeuh geus panas, geus meujeuhna kaluar késang
Barang ngaliwat ka hareupeun tukang cukur, tukang suluh téh dieureunkeun.
Ari éta tukang cukur ngaranna téh Ali. Tukang cukur mashur pisan, lantaran nyukurna pinter jeung gancang. Tara aya anu raheut, tara baréd-baréd acan nu dicukur ku Ali mah. Para ménak jeung nu baleunghar sok mungpung ka Ali baé. Unggal poé tara towong nu datang ménta dicukur. Tampolana nepi ka aya limaan nu ngadagoan giliran téh
Teu kudu dicaritakeun yén Ali loba duitna, da disarebutna gé tukang cukur beunghar baé. Upama pareng keur peré, manéhna sok jalan-jalan bari nulak cangkéng jeung luak-lieuk. Pangrasana jagat téh asa nu manéhna baé.
“Héy, tukang suluh, ka dieu!” ceuk tukang cukur.
Sanggeus tukang suluh eureun, tuluy ditanyakeun hargana. “Tilu rupia, teu kénging kirang,” ceuk tukang suluh.
“Mahal teuing,” ceuk tukang cukur, “Lamun dibikeun saringgit, kabéh kai anu aya dina tonggong kaldé ku kuring dibeuli. Geura  pikir, batan capé nawarkeun ka mana-mana, tur sakieu panas poéna, mending gancang aya nu meuli. Jeung karunya ka indung barudak di imah, apan keur ngadagoan butuh keur balanja.”
Tukang suluh teu gancang-gancang ngajawab, lantaran bingung. Ari  dibikeun saringgit, murah teuing. Ari teu dibikeun, da hayang geura balik. Omongan  tukang cukur téh kabéh keuna ka manéhna. Lila-lila kakara ngomong, pokna, “Tambihan waé satalén deui, Juragan.”
“Ah, embung. Lamun dibikeun saringgit, kabéh kai anu aya dina tonggong kaldé dibeuli. Ari teu dibikeun mah nya kajeun teuing.”
Sanggeus ngahuleng sakeudeung, pok tukang suluh téh ngomong, “Mangga atuh saringgit ogé, da ieu parantos siang, hayang geura wangsul.”
“Los ka ditu, ka dapurkeun!”
Pék suluh téh diturunkeun tina tonggong kaldé, tuluy diakutan ka dapur, ditumpukkeun di juru. Geus kitu tukang suluh téh tuluy nyampeurkeun tukang cukur, rék ménta duitna.
“Éta séla gé kudu dikadapurkeun, ongkoh  kai kénéh éta séla gé,” ceuk tukang cukur.
“Apan suluh mah sadayana ogé parantos dikadapurkeun, Juragan,” ceuk tukang suluh.
“Har, apan tadi dua kali geus disebutkeun, yén saringgit téh kabéh kai anu aya dina tonggong kaldé.”
“Teu kasanggakeun séla mah.”
“Los baé atuh geura balik. Ari suluh mah, da geus disosi dapurna gé.”
“Nyuhunkeun artosna atuh.”
“Ka dieukeun heula séla. Engké dibayar saringgit.”
Tukang suluh kapaksa mikeun séla, najan kacida keuheuleunana ogé. Geus kitu mah kakara nampa bayaran.
Wantuning di sisi jalan gedé, anu ngaraliwat loba nu eureun, ngadon ngarogrog anu keur patorong-torong.
“Teu boga di karunya tukang cukur téh,” ceuk nu saurang. “Pédah ka nu bodo baé, da ka nu pinter mah moal wanieun.” 
“Biasana si éta mah.”
“Padahal loba duitna mah.”
“Ka Juragan Jaksa geura, nyuhunkeun tulung!”
“Di mana bumina Juragan Jaksa téh?” ceuk tukang suluh. Aya saurang jajaka anu daékeun nganteur. Tuluy éta tukang suluh téh dianteurkeun ka bumina Juragan Jaksa.
Di payuneun Juragan Jaksa, tukang suluh nyarita satara-basna, naon anu geus kajadian. Sanggeus tamat caritana, Juragan Jaksa ngahuleng bari gogodeg.
“Hanjakal euy, silaing mah salah harti. Maksud tukang cukur, kabéh kai anu dina tonggong kaldé nu ditawar saringgit téh. Ari marukan silaing suluh wungkul, anu matak dimang-gakeun ku silaing. Cindekna mah silaing nu salah téh, déwék teu bisa nulungan.”
Tukang suluh ngan bati handeueul baé. Cong nyembah, jung nangtung. Léos indit bari ngarasa nalangsa. Suluh geus dijual murah, turug-turug kudu meuli deui séla. Mana atuh keur balanja?

***
Kacaritakeun raja di éta nagara, kaceluk ka awun-awun, kawentar ka mana-mana tina kaadilanana, towéksa ka rahayatna. Anjeunna sok mindeng nyamur, angkat nyalira ka luar kota, bisi aya abdi-abdi nu dijepit atawa cacah dikaniaya ku ponggawa nagara. Harita gé anjeunna nuju ngaronda, nganggo dangdosan sudagar. Teu katara meueus-meueus acan, yén anjeunna téh raja.
Tukang suluh nu tadi téa keur ngiuhan dina handapeun tangkal asem sisi jalan. Raja nyaketan ka dinya, saréhing éta jelema katingalieun semu nu susah.
“Ku naon dulur, kawas aya nu dipikiran?” saur raja.
“Puguh abdi téh aya nu nipu, juragan,” témbal tukang suluh. 
“Nipu kumaha?”
Barabat tukang suluh téh nyaritakeun akalna tukang cukur, nepi ka manéhna katipu.
“Saha ngaranna tukang cukur téh?” 
“Ali disarebatna mah.”
“Naha lain ka Juragan Jaksa, nyuhunkeun tulung?”
“Parantos ku abdi dideuheusan, nanging ku anjeunna abdi téh dilepatkeun.”
“Nurutkeun undang-undang mah nya sampéan anu salah. Tapi éta tukang cukur téh jelema jahat, kudu aya hukumanana.” 
“Sumuhun leresna mah. Nanging nya saha atuh nu badé ngahukumna?”
“Aya waé,” saur raja. “Ayeuna mah sampéan dibéré duit ku kaula, keur meuli séla. Tapi isuk kudu datang deui ka dieu, isuk-isuk pisan.”
“Ngabantun suluh?”
“Ah, entong mawa suluh. Tapi kaldé kudu dibawa.” 
“Mangga. Nuhun dipaparin artos.”
Tukang suluh tuluy balik ka lemburna. Raja ogé lajeng mulih ka karaton.
Kocap isukna, isuk-isuk tukang suluh geus indit deui ka dayeuh. Kaldéna gancang leumpangna, da teu beurateun ku momot. Sapanjang jalan tukang suluh téh teu weléh nanya ka dirina sorangan, rék kumaha sudagar téh?
Keukeuh baé manéhna ka raja nyangka sudagar, lantaran dangdosanana téa kawas sudagar. Teu kungsi lila geus nepi ka tempat anu kamari. Tukang suluh nyangcangkeun kaldé kana pagér, bari ngadagoan “sudagar”.
Harita kénéh raja geus sumping, tetep nganggo dangdosan sudagar, bari nyandak réncang saurang, dangdananana kuli.
“Éta kaldé,” saur raja, “Sina ditungtun ku ieu batur kaula. Urang ngawarah nu nipu sampéan téa. Ali ngaranna téh lin?” 
“Sumuhun,” ceuk tukang suluh, bari tuluy ngalaan cangcangan kaldé, sina ditungtun ku kuli téa.
Éta kuli dititah ti heula nungtun kaldé ka tempat tukang cukur. Ari raja angkat alon, diiring ku tukang suluh.
Barang datang ka nu dijugjug, kuli téh tuluy nyangcang kaldé, geus kitu kakara ngetrok panto, sarta asup ka tempat Ali, ménta dicukur.
“Naha ménta dicukur ka dieu? Kapan loba tukang cukur téh. Nu dicukur di dieu mah paraménak jeung nu baleunghar, lain kuli,” ceuk tukang cukur.
“Ti kapungkur hayang dicukur di dieu téh, margi Juragan parantos mashur tukang cukur pangpinterna. Ayeuna kaleresan keur gaduh artos, hayang nyobi dicukur ku nu sakitu mashurna. Mundut sabaraha ogé, tangtos dibayar ku abdi,” ceuk kuli.
Dipuji kitu mah, Ali téh pelér.
“Hadé baé hayang nyoba mah. Mayarna mah biasa we sarupia,” ceuk tukang cukur.
Di tukang cukur anu séjén, mayarna téh ngan satalén. Tacan ngarasa kuli mah dicukur mayarna sarupia. Tapi da éta mah Ali ngaranna ogé, nu geus sakitu mashurna. Sanggeus diuk dina korsi, pék kuli téh disabunan, tuluy dicukur.
Ari geus réngsé, kuli téh nanya, “Kersa upami nyukur sobat abdi?”
“Hadé. Di mana ayeuna?”
 “Itu di luar, ngantosan.”
Kuli ngaluarkeun duit dua rupia tina sakuna. Dibayarkeun ka tukang cukur, nyaéta bayaran nyukur manéhna jeung sobatna. Geus kitu tuluy ka luar. Teu kungsi lila geus ngetrok deui panto, bari nungtun sobatna téa.
Barang pantona geus muka sarta kaldéna rék asup, Ali kagéteun kacida.
“Naon ituh? Moal enya kaldé rék dicukur di dieu?” ceuk Ali. 
“Ongkoh ieu sobat kuring téh. Anjeun geus sanggup nyukuran sobat kuring, jeung anjeun henteu nanyakeun saha-sahana nu disebut sobat ku kuring téh.”
“Jelema mah sobatna kudu jeung jelema deui, lain kaldé.”
“Kajeun kaldé kajeun naon, ari bageur ka kuring mah sobat ngaranna. Komo batur mah aya nu nyobat jeung anjing sagala.” 
“Moal! Kuring mah moal nyukuran kaldé!”
“Sobat kuring kudu dicukuran ku anjeun!” 
“Anu burung anu nyukuran kaldé mah!”
Sabot kitu, nu nyamur sudagar téh nepi ka dinya sarta nyampeurkeun ka Ali. Ali ditunjuk irungna bari disentak.
“Mémang jahat sia téh Ali! Ieu kaldé ku sia kudu dicukuran!” saur raja.
Ngadéngé kasauran raja kitu, Ali ngambek.
“Ieu lain perkara anjeun. Anjeun entong pipilueun!” ceuk Ali. 
“Mémang ieu perkara aing! Hayoh indit ka alun-alun, sia kudu nyukuran kaldé di alun-alun!” 
“Saha anu maréntah kitu?” 
“Aing, raja!”
Ali munggah reup geuneuk ray pias, bawaning reuwas, barang awas yén sidik raja anu nyamur téh. Turug-turug di pungkureunana aya tukang suluh, nu kamari ditipu ku manéhna.
Manéhna ngartieun, yén dosana geus kauninga ku raja, sarta henteu meunang henteu kudu aya hukumanana. Gancang waé manéhna nyokot jajambaran jeung sabun, milihan sikat nu panggedéna, tuluy indit ka alun-alun, nuturkeun kuli, nuturkeun kaldé. Ari datang ka alun-alun, pék Ali nyabunan kaldé, sarta maké disimbutan ku lawon bodas sagala, kawas nyukuran jelema baé.
Harita téh ninggang pisan kana waktu bubaran sakola. Atuh barudak nu kakara balik ti sakola téh kabéh ngabring ka alun-alun, tinggorowok ti kajauhan, nyebutkeun aya nu gélo, nyukuran kaldé, tuluy ngarogrog ka nu keur nyukur, bari saleu-seurian. 
“Bérés nyukur kaldé mah cik domba kuring pangnyu-kurankeun!” ceuk nu saurang.
“Di kuring mah ucing cukuraneun téh,” ceuk nu saurang deui. 
Ali asa teu beungeutan, bawaning éra jeung ambek, hayang males ka barudak. Tapi teu bisa kukumaha, da sieun-eun ditambahan hukumanana, wantuning raja geus miwarang gulang-gulang, nyaksian Ali nyukuran kaldé.
Lain barudak waé, kolot ogé loba nu datang ka dinya. Beuki lila beuki loba, malah aya tukang sapatu, tukana ngaput, tukang kaléng, jeung nu séjénna, ngahaja nunda pagawé-anana da hayang ngabuktikeun béja, majar Ali jadi gélo, tukang cukur nu kumagungan téa bet ngadon nyukuran kaldé di alun-alun.
Di antara anu lalajo anu sakitu lobana téh aya anu teu nyahoeun, kumaha asal-usulna nu matak kitu. Tapi sanggeus tukang suluh nyaritakeun lalakonna ti awal nepi ka ahir, kakara maranéhna téh leungit héranna sarta muji ka anu jumeneng raja, tina kaadilanana jeung katowéksaanana.











Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Maling Cabé
Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya   éta Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal gandéng?”
“Moal, nyaan moal gandéng.”
“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”
Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.
“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!”
“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”
Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.
“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.
“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.
“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.
“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.
“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.
“Tukeur tempat kumaha?”
“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”
Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.
“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana tangkal kai.
SI KABAYAN NGALA ORAY

Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék-kemék acan, sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.
“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”
Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.
Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.
“Mitoha! Mitoha!”
“Heuy!”
“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”
“Heug! Ulah lila teuing baé.”
“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk.”
Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.
Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung. “Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.
Si Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé. Aya jelema.”
Rigidig karung roay dipanggul. Édas beurat naker,” omongna. “didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.
Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong, “Euleuh cukul pelak roay urang téh nya, mani sakieu lobana.”
“Hih, tacan kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun, manéhna, teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha geringna?”
“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”
“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.”
“Aéh-aéh, kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat naker.”
Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing ku kagét.
Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.
“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.
“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”
“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé. Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.
“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha awéwé.
“Heug, moal mitoha.”
Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh.

Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.

“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung téh digulingkeun. Durugdug digusur.
“Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!”
Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.
“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!”
Roay! Roay!” Bari terus digusur.
Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu titeundeut.
“Tah mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah indit ka cai.
Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.

Reaksi:

0 komentar:

Poskan Komentar