Kamis, 01 November 2012

lirik jeung eusina “KAWIH SUNDA” Sapu Nyeré Pegat simpay



Ririungan, Urang karumpul
Meungpeung deket hayu urang sosonoan
Macang krama bari ngawadul
Urang silih tempas silih eledan

Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci anu geus di tantukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang

Sapu nyeré pegat simpay
Bakal kasorang
Takdir ti gusti yang widi
Bakal kalakon

Urang rék papisah
Urang rék pajauh
Meungpeung deket
Hayu urang sosonoan


Tema              : Babaturan anu érék papisah
Purwakanti     : a,b,a,b
Rasa               : Sedih
Pada               : 4 Padalisan
Amanat           : Urang kudu bisa manpaatkeun waktu jeung babaturan anu ku urang             dipikayaah saencan urang pisah jeung manéhna
Nada               : Bait 1            : 9u, 12a, 9u, 11a
                                Bait 2            : 9a, 11u, 9u, 11a
                                Bait 3            : 8a, 5a, 8i, 5o
                                Bait 4            : 6a, 6u, 4u, 8a



1 komentar:

  1. mas, bukannya kawih itu ngga ada guru lagu sama guru wilangan ya?

    BalasHapus