Minggu, 11 November 2012

“CARPON” KOMIK



Dery nya éta salasahiji budak anu resép kana komik bisa di bilang “pecinta komik”. Dina hiji poé saénggeus ti sakola manehna jeung babaturanna teu sangaja ngalewat ka toko buku.
            “Dri mampir hela beu  .. .. “ ceuk Dery
“rek naon Der .. ? Urang geus di tungguan yeuh” andri nembalan.
            “aya komik ayar tuh ayeuna di terbitkeunna, gewatlah bising abisen” Dery ngomong.
            “Dasar maniak komik” Andri ngomong bari seuri.
Dery langsung  asup ka toko buku bari ngajak Andri.
            “teu nempo hargana nu mahal ari resép mah di beuli baé” Andri ngmng dina jéro haté.
“Ges Der ? Guwatlah bising soré manten !!!” Ceuk Andri.
Dery  jeung Andri langsung uih. Padahal sabenerna mah Dery téh masing hoyong keneh milihan komik, masalahna alanyar kaluar, tapi manéhna ngarasa teu énak ka Andri anu ngabaturan manehna.
Geus di imah Dery langsung maca éta komik, teu bisa di ganggu ari geus maca komik teh. Geus teu ka itung  komik anu aya di kamar Dery mah, tapi manéhna apal hiji-hiji judul jeung eusi komikna, cenahmah duniana  ari komik téh.
Dina hji mangsa babaturanna Dery nginjeum kimik tapi teu daek di balikkeun, manehna ngarasa keuheul sabab éta komik, komik favorit Dery, komik anu lila ku manehna dipikahayang, ngumpulkeun duit heula sagala sangkan bisa meuli éta komik. Tapi ayeuna éta komik euweuh dimanehna. “Hanjakal diinjeumkeun ari moal di balikkeun deui wah” cek Dery bari gugurutu.
“Lain masalah ku hargana tapi kumaha carana meunangkeun éta komikna peupeuriheun pisan, hanjakkal .. .. hanjakal” ceuk Dery dina jéro haté.
“Tapi manéhna ngarasa boga salah ogé ka babaturanna sabab teu ngahampura basa babaturanna menta menta ngahampura, padahal  ngan masalah komik baé .
Tidinya manéhna ngahampura babaturanna jeung geus mohokeun éta komik karesepna.
“Geslah ikhlaskeun baé, da ké ogé aya gagantina deui, komik leungit hiji mah teunanaon loba keneh ieuh” ceuk Dery bari ngomong sorangan .
Tiap  aya komik kaluaran anyar  Dery pasti teu kalewat ngeunaan infona, manéhna pasti langsung  ka toko buku sangkan teu abiseun. Reép cenah ari kana komik téh, resép ku carita jeung aya gambarang  béda jeung novel caritana panjang tapi euweuh gambaran.
Rak buku manéhna téh pinuh ku komik teu bosen-bosen ari kana komik mah. Sampe-sampe sok poho kana waktu, poho kana sagala ari tos maca komik teh.
“Dery  .. .. .. “ ceuk Indungnna.
“Kulan  .. .. .. “ Dery nembalan.
“Geura atuh dahar heula, ieu mah uih sakola téh langsung baé maca komik” ceukk Indungna  bari gugurutu.
“Muhun engke sakedap” ceuk  Dery.
Dugi kasorenakeun Dery tetep bae di kamarna maca komik teu anggeus-anggeus nepi ka indungna geus gugurutu baéari Dery namah hare-hare baé.
Tina karesepna eta Dery bisa nulis jeung nyieun komik. Sanajan komikna ngan jadi koleksi sorangan.
Tiap poé Dery ngarang baé tiap  anu ku manéhna ka tempo sok di curahkeun kana buku nu engkena dikumpulkeun sangkan bisa di bukukeun .
“Keur naon Der “ ceuk babaturanna.
“Biasa keur neangan inspirasi jang nyieun komik” ceuk Dery.
“Reuh maneh mah teu bosen-bosen nyieun komik téh. Iraha atuh  rek di terbitkeunna? Ceuk babaturanna bari hereuy.
“Tenang bae atuh engke di terbitkeunna” ceuk Dery.
Sababaraha bulan Dery ngarang komik, sakabeh komik éta di ka penerbitkeun sangkan bisa di  terbitkeun. Sababaraha minggu Dery ngirimkeun komikna aya kabar ti penerbit lamun komik anu di kirimkeunna layak di terbitkeun . Tidinya , Dery bungah pisan manéhna ngarasa teu sia-sia salila ieu manéhna ngarang komik téh . Manéhna bisa ngabuktikeun ka Indungna jeung babaturanna manéhna bisa jadi pengarang komik. Nu mimitina tina karesep bisa ngahasilkeun karya anu bisa ngabanggakeun.

0 komentar:

Posting Komentar